Aeh ... Kang ......,
Pami teu lepat mah danget ayeuna teh tos resmi yen aksara sunda eh geuningan 
sanes HA-NA-CA-RA-KA ....... Anu katelah teh NGA-LA-GE-NA atanapi KA-GA-NGA 
.......

Mangga bilih kirang puas mah tiasa ditoong di:
-> http://jamparing.sytes.net/aksara/index.php?q=FontAksara
-> http://daluang.com/gembolan-paket-unicode-aksara-sunda-v100/

Malihan kamari pisan ping 20 Oktober 2008 aya Gelaring Unicode Aksara Sunda di 
Unpad, anu akhirna parantos tiasa diinstalkeun kanu PC .... mangga tiasa 
diunjal di alamat nu di luhur tadi.

Mangga nyanggakeun manawi kaanggo.
Kang Gde
--------------------------------------------------------------------------------


  ----- Original Message ----- 
  From: Enan Wahyudin 
  To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, October 31, 2008 4:32 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Naskah Basa Sunda


  Punten ka Saderek Moderator sareng kasadaya anggota atanapi saha wae
  anu pirajeunan ngalangkung ka ieu milis, simkuring bade nyuhunkeun
  tulung kasaha wae, manawi aya anu terang kana naskah-naskah anu
  ditulis nanggo AKSARA SUNDA (CACARAKAN=Ha,Na,Ca,Ra,Ka....). Kapungkur
  pisan sim kuring kantos diajar maca aksara sunda malah kagungan hiji
  buku (anu eusina mah duka dongeng duka carita anu ditulisna nganggo
  Aksara Sunda CACARAKAN).

  Kumargi kitu ka sing saha wae anu terang kedah dimana abdi tiasa
  mendakan eta naskah, punten wae pang bewarakeun di dieu.

  Simkuring ngagaduhan kakhawatiran (concern) sok sieun pangabisa maca
  eta aksara (CACARAKAN) teu tiasa deui dipelajari ku generasi anak incu
  urang. Dalah urang generasi sorangan oge apanan ayeuna paling oge
  tiasa diitung ku ramo jumlah anu tiasa maca kana eta aksara.

  Sateuacanna simkuring ngahaturkeun nuhun kana perhatosanana.

  Wasalam

  Enan Wahyudin



   

[Non-text portions of this message have been removed]

Reply via email to