baheula mah, kuring sok resep nulis (sa)sajak(an). enya teuing geus kaaku
sajak teuing hanteu. ngan ieu mah sok inget, kredo kapenyairan kuring
(hahaha), nu unina kieu: "CEK AING SAJAK NYA SAJAK!"... haha...
mangga, nyanggakeun sasajakan lawas kuring. tamba ngaburayot gado we ieu mah
:)). komo ayeuna, meungpeung aya penyair kahot:
--
sing luhur <http://banjarasih.blogsome.com/2006/04/06/luhur/>

tuh bulan, ngaganda gawé
tuh planét, satia ngurilingan panonpoé
tuh béntang, ngagalaksi! reuteum!

ajul!
dongkang!
jéwang!
ngan ulah ku asiwung!

kalangsu <http://banjarasih.blogsome.com/2006/04/04/kalangsu-2/>

hiliwirna angin
moncorongna panonpoé
héabna seuneu
tiisna ibun
nyeuceupna isuk
haleungheumna ceudeum
baseuhna hujan
hideungna taneuh
ngeplakna salju
ngagulidagna caah
mayakpakna laut
ngajegirna gunung
cumalimbana cimata
raheutna haté
ngajeungitna rasa

karasa ngan teu dirasa
angger kalangsu
teu wasa nyurupkeun jirim jeung jisim!

kurung kuring <http://banjarasih.blogsome.com/2006/04/18/kurung-kuring/>

disesedek
teu daék uget
didudut
ukur murungkut
dipapaksa
kalah nambalang

iraha rék nanjer?

180406
isuk di legok 
inten<http://banjarasih.blogsome.com/2006/04/18/isuk-di-legok-inten/>

harita panonpoé mélétét na soca gunung
ngahaneutan pasir bulistir
nu sapeupeuting ngahodhod
geus lila teu apal ngaranna simbut
teu wawuh rupana baju
simbut dituar baju dihuru, baheula, poho

panonpoé tuluy ngabéngrasan
ngabanjur konéng héjo jarami
nu mayakpak handapeun dampal
keur reuneuh pati kahirupan
nunggu medal gubrag babar, digebot, diétém

panonpoé beuki bolotot
ngajaulkeun ibun nu ngaremis urut tiisna janari
nyésakeun kebulna halimun
ninggalkeun panas nu morérét
nganteur lampah sakabéh eusi jagat
   *04.18.06<http://banjarasih.blogsome.com/2006/04/18/isuk-di-legok-inten/>

* 08/09.00 <http://banjarasih.blogsome.com/2006/05/10/22/>

waktu
kamari datang mawa tatu
sanggeus digunasika satru
jam karét!
masih loba nu kapélét
angger pada ngarérét

duh waktu…
naha angger tangtu?

***
kedoya, 9 mei 06
sanggeus saptu kamari nunggu tes BANK INDONESIA
kidung silung (apologia
siliwangi)<http://banjarasih.blogsome.com/2006/06/05/kidung-silung-apologia-siliwangi/>

hung… ahung
aing kapahung
ukur babaung
kaduhung
ukur jadi maung
ahung hung…

uyut linggabuana… hampura!

kuring ngan wasa sakieu. ngaran uyut ukur diaku. pajar aing gaganti prabu
wangi. geuning teu sakeclak-keclak acan ninggang kana awak kuring. wawanén
uyut, kagagahan uyut. uyut jati kuring junti.

uyut… mangsa musuh ngajorag nagara. ti kulonna ti wetanna. kuring ukur
(cénah) salin jinis mindah rupa, ganti ngawujud maung. nu cénah kongas gagah
perkasa. gedé sima pangabaranna. kakoncara si raja leuweung. tapi geuning
teu daya, teu mangga pulia, teu upaya. kuring ngan ukur bisa ngageureum
tanpa sora. kuring ngan ukur bisa nyanggéréng tanpa wujud.

uyut… sakali deui, buyut ménta hampura. teu bisa nurutan uyut. teu bisa
nurutan éyang citraresmi. nu réla lali rabi, réla nemahan pati waktu harga
diri disosoék, dirarajét. uyut sabalad sunda, réla maseuhan lemah bubat ku
beureumna geutih. leuwih hadé gobang rompang. leuwih hadé kujang gorowong
ditojos keris, leuwih hadé patrem newek jajantung. tinimbang martabat sunda
disosoak.

duh… uyut… bener cék pinandita. kaduhung datang pandeuri. kaduhung salin
jinis ukur jadi maung. najan enya raja leuweung. keukeuh ukur sato. ukur
bisa gagauran di leuweung tatar sunda. ukur kadéngé ku kisunda. padahal
lamun baheula kuring ngahiang trus ngajangélék jadi syiwa. musuh mana nu
waluya?

kuring,
urut siliwangi
kari maung
ceuli rumpung, congor sumpung, cokor buntung, awak regung
tinggal irung, ngangseu ngambeu sésa wawangi
tinggal buntut, kupat képot nunggu uga laksana
teuing iraha!
*06.05.06<http://banjarasih.blogsome.com/2006/06/05/kidung-silung-apologia-siliwangi/>
*


-- 
d-: dudi herlianto :-q
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~


[Non-text portions of this message have been removed]


------------------------------------

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke