Wah, asyik kang, Teori Input-Output Basa Sunda. Seueur Urang sunda nu ngabiasakeun budakna ti leuleutik (ti diajar ngomong) sina komunikasi dina basa Indonesia. Kadang lucu, Indung-bapana mah ngobrol ku basa sunda, pas jeung budak mah ku Indonesia. Hayang disebut gaya, budak dilatih ngindonesia ti balita keneh, duh.....
Wassalam, Sarabunis Mubarok___________ Singaparna ----- Original Message ----- From: "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Friday, November 21, 2008 6:21 AM Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: Survey: Basa Sunda 'ON/OFF' panuju..input basa Sunda teh hedse..Kuring sering ka bandung..mun dahar di Ampera atanapi bancakan jsbn...Tapi keukeuh wae para pramuniaga ngomongna Endonesia...Dimimitian ditaros Basa Sunda ..ngajawab sakedap..terusanna balik deui ka Basa Endonesa..."mang sabaraha simut garuda Indonesia ieu".anya ka si Uang di pasar gembrong margahayu Sukarno hatta..." Lima belas rebuan, weuteuh disegel keneh".."Alah si Ujang piraku ka langganan..sakitu, kirangan rek meuli satengah losin".."Waduh belum bisa Pa...ngambilnya nggak dapet..lagi kosong juga barang na, kalau yang Saudi Airline ada nih murahan...Dua belas ribu..." Sigana basa dagang oge tos kabiasaan make Endonesia...meureun langganan manehna paling loba nu ngomong Endonesa. On 11/21/08, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > --- In [email protected] <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, > "Sarabunis Mubarok" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Alhamdulillah basa hate simkuring basa Sunda, najan ngimpi ngobrol > make basa > > inggris ge narasina tina hate masih ku basa sunda. > > > > > > Kang SM, > > Puguh eta anu jadi kaheran teh. Narasi ngimpi kuring BET make basa > deungeun. Jadi lain saukur dina raraga ngobrol! > > Kuring boga teori siga kieu. SIgana mah anu kaalaman ku kuring teh > kusabab INPUT na. Input basa Sunda kuring bisa disebut nihil. 20 taun > tanpa input basa (utamana mah basa lisan!) bakal mangaruhan kamampuh > basa urang. Lian ti kitu input basa tulisan Sunda ge kaitung > corengcang. Jadi weh ngimpi ge make basa deungeun. > > Salah sahiji jalan jang mere input basa Sunda kuring teh ku jalan > baceo di ieu milis. Susuganan basa Sunda kuring ulah nepi ka garing. > > Lah, aya ku panasaran kana pangalaman baraya sejen na anu cindekem > saluareun Tatar Sunda. Sok atuh, geuran purak dongeng na!;)) > > baktos, > > Rahman > >
