Sangkuriang oge aya di Sumedang Kang... pernah ngadangu di Walungan Cimanuk anu 
ayeuna bade dijieun waduk jatigede aya Gunung/ bukit leutik anu mirip tangkuban 
parahu... anu lokasina persis ngahalangan walungan Cimanuk....Ceunah legenda 
ieu bakal berulang... buktina ceunah ceuk kolot baheula mah ti taun 60-an nepi 
ka ayeuna Waduk/ Bendungan Jatigede teu jadi-2... da nya eta Sangkuriang tetep 
kabeurangan.... loba nilai-2 bebeneran anu dilanggar ku anu rek nyieun Waduk/ 
Bendungan... mirip jeung Sangkuriang anu ngalanggar aturan dunya... kitu oge 
Waduk Jatigede ceunah.... Geus aya Uga-na.... uga Sangkuriang kabeurangan... 
contona wae secara alam oge... pernah maca daerah eta teu FEASIBLE dijadikeun 
bendungan kulantaran rawan gempa jeung struktur tanahna kurang pas... ngan 
nyaeta kulantaran Proyek ~ $$$... ladang keur kurupsi meureun jadi angger weh 
dipaksakeun.

 

Kamari sempet santer eta waduk rek dijadikeun... duitna meunang nginjeum ti 
China 200 Jt dollar (nambahan hutang keur anak incu :(((...)... alat-2 berat 
oge tos dibawa ka lapangan... tah duka nyambung jeung Uga Sangkuriang oge jeung 
Uga Cinambo... tapi ku ayana krisis global ieu anu pastina ngaruh oge ka 
China... jadi teu nya proyek Jatigede ieu? Jadi teu China ngaluarkeun tabungan 
USD-na keur ngabiayaan proyek ieu... secara China oge sababaraha industrina 
mulai tutup... Kaitan nana jeung Uga Cinambo...ceuk kolot baheula ceunah... di 
Jatigede aya daerah kasebutna muhara Cinambo... ceuk ugana teh ceunah nya 
didinya pisan... China bakal kabobodo... Cinambo ~ China Bodo... niat rek 
ngawangun bendungan jatigede... tapi teu jadi alias bolay teu kajadian 
ceunah... sangkuriang kabeurangan deui wae ;)). Sababaraha kolot baheula mah 
masih keneh percaya kana uga eta... 

 

Ceuk kolot mah ceunah.... uga eta teh geus dicaritakeun ku kolot ti baheula 
keneh... jeung ayeuna mulai nembrak / bengras katinggali ... uga-2 eta teh jadi 
kanyataan... wallohualam.

 

Ciiik manawi aya kasepuhan Urang Sumedang anu langkung apal kana uga eta...

 

Salam,

KAsep

 

 

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of mh
Sent: 25 Nopember 2008 8:24
To: kisunda; [email protected]; Urangsunda
Subject: [Baraya_Sunda] Sangkuriang van Kuningan

 

Legenda Sangkuriang Juga Ada di Kuningan

DUA bukit yang mengapit Sungai Cisanggarung di Kec. Waled, Kab.
Cirebon, dipercaya sebagai bekas bendungan yang dibuat Sangkuriang
untuk membuat danau.* MUHTAR IT/"PR"




 



[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke