Anu katangkep ku kuring mah berendelan patarosan teh datangna tina
kapanasaran jeung ku hayang nyaho. Kusabab euweuh kelemeng2na acan, nya
kapaksa nanya teh mitembeyanana dumasar kana baku/standar anu aya di dirina
sorangan atawa sakanyaho nu nanya. Ku kituna, nya kaluar patarosan saha nu
disembah, saha nabina atawa ngaliwatan saha eta ajaran turun ka urang,
ajaran naon bae anu ditepikeun, naha eta ajaran teh kungsi dibukukeun, jst.
Saterusna mah, rek kumaha bae jawabanana, nya eta mah teu langkung nu
ngagemna, moal rek disalah-salah atawa dikukumaha.

Masalah ngadalilan, tah nu ieu datangna tina babandingan ageman. Hal ieu
wajar pisan, komo pikeun anu memang gawena ngulik masalah ageman, atawa nu
keur nyungsi bebeneran ageman atawa nu keur pipilih ageman... Tangtu manehna
boga baku anu hayang dihontal, sangkan ngkena ageman anu kapilih teh bener2
ageman anu paling onjoy atawa bener (dumasar kana naon bae anu jadi acuan
manehna).

On Tue, Dec 2, 2008 at 3:24 PM, Rahman wrote:

>   Anu JADI masalah na Kang dina ieu diskusi. AYA upaya ngadalilan
> sistem jeung prosedur batur. Kudu na mah hare2 we, pan boga tujuan nu
> sarua. Rek sila andekak .... rek dahar dina meja, ah napsi2 we. Mun
> geus dahar mah pan beuteung bureuteu lin? :)) Rek ngampar rek make
> meja teu aya masalah ieuh.
>
> Dina pertanyaan munggaran tea, cenah mah dahar ala Sunda teh DIANGGAP
> teu bener, sabab KRITERIA cara dahar impor rek diterapkeun dina cara
> dahar lokal. Tah.... eta anu TEU nyambungna.
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke