--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Indonesia cenah kaasup nagara nu tumuwuhna HIV/AIDS pangluhurna di 
Dunya. 
> Matak kaget maca warta eta, da asa pabalik jeung slogan  cenah 
bangsa 
> Indonesia teh kaasup paling relijius sadunya. Kulantaran ku 
kanyataan ieu 
> aya nu usul ngampanyeukeun kondom, tapi loba nu teu satuju, ku 
alesan agama. 
> Ceuk ahli demographi medis ti Inggris, nu panalungtikanana di 
Indonesia, 
> dina acara Kick Andy-MetroTV, persoalan HIV/AIDS di Indonesia 
sabenerna geus 
> gede pisan. Hanjakal, cenah, urang Indonesia munafik.
> 
> Sikep anti kana kondomisasi ieu, tiasa ditingali dina artikel 
dihandap ieu, 
> ti Hidayatullah.com:
> 
> 
> Pelaku "Kondomisasi" Dikategorikan "Pembohong Agama"
> 
> Sunday, 07 December 2008 14:23
> 
> Menurut hukum Islam, kampanye "kondomisasi" hukumnya sama dengan
> memfasilitasi orang berbuat zina. Tergolong fitnah fiiddin dan dosa 
besar
> 
>

Kang W,

Sikep siga kieu lain ukur aya di agama urang wae. 
Di Afrika aids jeung HIV teh kacida mahabu na. Malah lain bae 
epidemi, tapi geus bisa disebut pandemi.

Kuring kabeneran geus lila jadi donatur hiji yayasan anu disebut Stop 
Aids Now: http://www.stopaidsnow.org/

Salah sahiji upaya merangan eta sakadang aids teh nya ku jalan 
kondomisasi.

Anu jadi masalah: gareja Katolik jeung Protestan jadi panghalang gede 
kana ieu upaya. Fatwa Katolik jeung Protestan SARUA jeung anu 
dibeberkeun dina ieu artikel!

Kuring teu ngarti.... Naha manusa gegedug agama bet kalah hayoh 
nguruskeun dosa, naraka jlte. PAdahal ieu panyakit mahabu pisan.... 
bari korban na ge teu euleum2 loba na? Jeung deui... naha teu nempo 
kana konsekwensi sosial akibat ieu panyakit?

Ari ieu anu digugulung kalah hayoh... dosa lah, naraka lah....

Halah.... Kumaha ieu teh nya? Mana tanggung jawab sosial ieu pamuka 
agama?

baktos,

Rahman

Kirim email ke