--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> >
> 
> Aya kitu nu masih pengkuh kana basa indung?
> Lamun di sakolaan basa panganteurna basa Sunda, aya kitu bukuna?
> Diajar matematika, IPA, IPS, jeung sajabana aya buku basa Sundana 
kitu?
> 
> 

Justru eta masalahna Kang MH, jadi siga dongeng mana nu tiheula: 
endog atawa hayam? Teu pengkuh kulantaran euweuh input na, input na 
euweuh kulanatarn teu pengkuh tea? teuing bingung ah....

Mun euweuh upaya ti urang anu micinta basa Sunda, bisa jadi lila2 mah 
BEAK basa urang teh euy. Jadi basa paeh .... bari euweuh kuburanana?

Perkara buku ajar jeung buku acuan tea. Mun tea mah geus aya 
jungkiringanana sakola anu make panganteur BS, pan eta teh jadi LAHAN 
pagawean anyar euy. Nulis buku palajaran dina BS, penerbit BS... 
jlte, pan bakal manjang ka hilir na. Dina raraga nyiptakeun lapangan 
pagawean tah! :))

baktos,

Rahman

Reply via email to