haturan pamiarsa, simkuring keur inget ka aki, aki sutarman. ari kuring mah
biasa nyebut teh ki entam. keur kuring budak anjeunna sering pisan
ngadongengkeun dongeng dongengek. sakadang peucang, sakadang monyet jeung
sakadang kuya, oge nu ayeuna bakal ku kuring didongengkeun deui: carita nini
pangored. caritana mah teu ciples saperti nu di dongengkeun aki, sakainget
kuring we. aya nu ditambahan aya nu dikurangan. ayeuna dipajangkeun oge di
http://uaduq.wordpress.com/2008/12/09/mangsa-nini-nini-pangored-leungit-kored/.
huhuy rada iklan ieu mah. hatur lumayan, tamba gado ngaburayot.

-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

mangsa nini-nini pangored leungit kored:dicaritakeun deui ku uaduq, tina
dongeng akina

kamari, kuring balik ti kota ka lembur. ngahaja. niiskeun pipikiran nu geus
ngaheang. meper uteuk nu terus ngagulak. mikiran hirup salila di kota.
kabiasaan kuring lamun isuk-isuk, sok nguriling. leuleumpangan. olahraga
caritana mah. ngalempengkeun urat bitis. komo ieu keur di lembur, najan geus
loba ngurangan, warna hejo masih keneh leuwih loba tinimbang di kota. anjog
ka sisi lembur, keur jongjon ngalengkah, bari uleng ngalamun, bari luak
lieuk ningalikeun titingalian sapanjang jalan, kagareuwahkeun ku sora
ngabangingik. sada nu ceurik, awewe. inget, lebah dinya teh memang aya imah
bilik leutik. nu dicicingan ku hiji nini-nini. nu najan geus tokroh-tokroh
angger haget lamun aya nu ngajak ngoyos di huma. ngabersihan gulma:
jujukutan, nu bakal ngaganggu tangkal pepelakan make kored. asal sora nu
ceurik memang ti lebah imah si nini. imah nu ti jajalaneun ukur kahalangan
ku jajaran dapuran awi tamiang.

dijurung ku panasaran, hayang nyaho kunaha manehna ceurik bangun
kanyenyerian. uteuk ngajak suku muru imah si nini. sanggeus di hareupeun
ngajeblag nu ngaranna panto, leungeun rikat merep. ngan jajangkung teu pati
dilelepkeun cara ramo nu sejen. ngahaja rada dipunjulkeun keur nakolan kai
sengon, pamanto imah. tok tok tok. tilu kali. nu jigana mah langsung
kadengeeun ku ceuli si nini. luar biasa memang awewe kolot nu ieu mah.
tokroh-tokroh teh ukur waruga luarna wungkul. tanaga jeung kabeh pancadriana
masih keneh sampurna. enya pan ceuk si obor babaturan nu urut mahasiswa
statistik ipebe tea mah, 'hiji jalan nu mudun tapi henteu *signifikan *bisa
dianggap lain pudunan'. jeung *signifikan *henteuna kumaha paniten pan?

sora ceurik eureun. diganti sora nu nanya, 'saha di luar?'. cenah. bari
angger nginghak.

ngadenge kitu, rikat biwir teh nembalan, 'kuring ni! ijan!'

'aya perlu naon ka nini?'

'nyacapkeun kapanasaran ni'

'nya heug atuh, tungguan keudeung jang. nini deuk muka tulak pantona heula.'

'mangga, sok ku kuring ditungguan di dieu ni'

sora si nini karek pisan cacap. palupuh, nu jadi lante imah kaburu ngareket
kateueulkeun ku nu ngajurungkunung, nguniang. pekprekan awi teh terus
rereketan nuturkeun nu ngajurungkunung leumpang muru panto. teu kudu lila
nungguan, sanggeus sora tulak ngulutrak kuring ngadorongkeun panto laun.
breh hiji beungeut nu pinuh ku gurat hirup. bagjana, sangsarana, sukana,
sedihna nyampak di dinya. kagambarkeun. ngan panon katingali carindul, malah
di juruna masih katingali aya cai ngembeng. kitu deui di opat juruna,
ngahuluwotan walungan-walungan leutik nu ngamalir mapay pipi nu geus kemong.
ngamuara di opat tungtung careham. memeh ragrag maseuhan lahunan. atra anyar
saat, ngan bangun nu lila kacaahan. jigana si nini ceurikna geus ti tatadi,
ngan bane ku ngalamun teleb teuing we jigana teu kadenge ti jauhna mula ku
kuring mah. karek kadenge sanggeus sora nu ceurik geus tarik, sanggeus
kuring deukeut jeung sumber soara.

solongkrong leungeun rikat diasurkeun, ngajak salam ka si nini. gap
ditampanan. karasa dampal leungeun nu teuas. dampal nu katumpukkan ku
lapisan-lapisan beuratna merjoangkeun hirup sosoranganan. eya: sanggeus
ditinggalkeun salaki nu maot basa campuh gorombolan, si nini teu daekeun
deui laki rabi. hirupna nunggelis, da puguh teu kungsi boga anak. nu
ditinggalkeun ku salakina ukur tanah nu ayeuna di imahan, legana moal leuwih
ti dalapan bata. keur hirup manehna sok bunta-bantu ka tatanggana.
diantarana nya ngoyos jukut di huma saperti nu dicaritakeun tadi. oge
ngamangpaatkeun sesa lahan nu diimahan. dipelakan ku ruparupa tangkal nu
boga paedah.

'aeh, bagea sujang, lawas ti lawas tara ka dieu. ka mana wae atuh? kumaha
ema jeung bapa? sehat? sok ka jero heula geura! samak-samak butut jeung
cai-cai herang wae mah da aya'. gepyak keneh si nini teh. jeung ingetanna ge
deuih, edun. inget keneh ka kuring nu geus taunan tara panggih.

'mangga ni! sukur ka hyang agung sadayana ge sarehat', tembal teh, bari
terus nuturkeun si nini nu geus ti heula asup deui. panto ngahaja
diantepkeun molongo. ngarah angin bisa asup, nambah niiskeun tengah imah nu
teu boga jandela . imah si nini sederhana pisan, wangunna juru opat manjang.
ukuranna aya meureun 3×6 m pasagi, dibagi opat rohang. tengah imah nu ku
kuring diasupan pernahna di tengah-tengah, dikencaeunna aya dua panto nu
ukur dilalangsean ku samping kebat lalayu sekar. nu hiji nu leuwih gede
kamar sare, nu hiji deui mah goah. eta tilu rohangan dilanteyan palupuh.
sedengkeun di katuhueun katingali tina pantona nu tanpa keding, dapur.
lanteyna taneuh nu geus ngabatu balas remen teuing katincak-ditincak. euweuh
kompor minyak tanah komo gas mah, si nini masih keneh satia make hawu batu.
di dinya si nini nyangu ku seeng jeung aseupan. di dinya oge si nini
gurang-goreng, kulab-kulub, bubay-bubuy jeung bulam-beuleumna teh. katingali
oge di dapur aya bangku awi nu di luhureunna si nini dahar.

tah ayeuna mah urang caritakeun wae kaayaan tengah imah si nini. euweuh
barang nanaon di ieu rohangan mah, maksud teh euweuh barang-barang mebeul
cara di imah-imah nu ku urang sering katingali, model korsi atawa lomari.
diukna dina amparan samak pandan nu ayeuna ge geus ngagelar. nu najan
katingali teu weuteuh acan ari butut mah. salian ti eta di juru katingali
aya tampolong tambaga nu warnana geus teu paruguh, koneng lain, coklat lain,
hideung ge sanes. tampolong wadah luah, nu diciduhkeun mangsa nyeupah. enya
si nini teh sok nyeupah jigana da di gigireun tampolong aya bungkus
palastik, nu katingali ronghok entepan has daun seureuh. kaambeu oge seungit
gambir, bako mole jeung jambe, oge apu. ngan najan resep nyeupah, tengah
imah si nini katingali beresih, teu saperti tukang nyeupah nu sok
kacaritakeun jorok. palupuh imah si nini nu teu katutupan samak katingali
semu herang, balas geus lila dipake jeung remen dielapan jigana. di juru
sejen katingali teko seng, kelirna hejo jeung bodas. totol-totol jiga kelir
tangtara, ngan leuwih laleutik. di deukeuteunna diamparan elap nangkub
sababaraha gelas heubeul motif kekembangan jeung dua deui mah batok kalapa.

'sok sujang diuk kainyah, hampura nya, ukur diamparan samak di dieu mah!',
cenah nitah bari sanduk-sanduk. bari miheulaan diuk na samak. emok.

'mangga ni, teu nanaon, cekap sakieu ge', cekeng bari gek diuk hareupeun si
nini. sila nukangan panto.

'tah ayeuna mah geura caritakeun. aya kapanasaran naon jang ijan ka nini
teh? kade we nya ulah panasaran hayang kawin ka nini', cenah teu
euleum-euleum. teu riuk-riuk heureuy. jeung jiga poho yen manehna karek tas
ceurik. 'nini mah masih sok inget keneh ka si jenat, moal bisa jang ijan mah
nyingkirkeun manehna tina hate nini', embohna bari leungeunna ngadongkang
teko. cur ngeusikeun eusina, nu geuningan cai nteh haneut, kana gelas. sor
diesorkeun ka hareupeun. 'tah bisi garing tikoro mah, banjurkeun heula geura
caina. leguk', cenah.

kuring ukur ngaheheh, 'hehe, si nini mah. bisa wae. enya ni halabhab
geuning, ditampi caina'. leguk cai sagelas langsung ledis.

'sok ayeuna mah geura caritakeun ka nini, naon nu jadi kapanasaran si
sujang.'

'kieu ni….', derekdek we kuring nyaritakeun lalampahan kuring ti imah tug
nepi ka ngadenge nu cerik balilihan, nepi ka aduharepanna jeung si nini.
palebah nyaritakeun nu ceurik, si nini katingali nginghak deui. balik inget
jigana, kana kasedih nu keur tumiba ka manehna. sanggeus beres cacarita
kuring terus nanyakeun kapanasaran nu ngabureuyeung ti tatadi ka si nini.
'janten ku naon atuh nini teh make nangis isuk-isuk keneh?'

'sujang, jang ijan tangtu apal', si nini mimiti ngajelaskeun bari terus
nginghak, malah sari-sari ningkat jadi nyegruk. 'nini teh purah kurad kored
di huma batur. ngoyos jadi pananggeuhan nini hirup. keur nini kored teh hiji
barang nu kudu dijaga diriksa. dipupusti dirawatan enya-enya. ngan teu ku
hanteu, eta jimat nini teh bet leungit.' hing weh, teu kaampeuh si nini
ceurik deui.

'ni, tos atuh nu tos ical mah tong teuing dipikiran,' cekeng, kokoloteun, eh
kumoloteun. siga nu heueuh. hayang ngabeberah tidituna mah. 'engke ge pasti
manggih gentosna.'

'ih sujang, lain sing mikiran neang gantina ieu mah. pan tos buktos nini mah
teu perlu ganti. dalah salaki nu leungit ge teu digantian ku nini mah, komo
ieu kored. diceungceurikan teh pedah inget kana jasana. nya ti si kored eta
nini bisa hirup nepi ka ayeuna. ti manehna, enya najan tara leuwih, nini
bisa keneh dahar, bisa keneh make."

'muhun ari dipikir ka lebah dinyana mah, ngan kumaha deui atuh ni, pan tos
leungit. keun wios enjing abdi bakal nganteurkeun kored ka nini. ka dieu.
sareng mun hayang apal, iraha atuh kored teh leungitna?'

' teu kudu sujang, teu kudu nganteurkeun kored ka dieu. kored teh leungitna
mah pageto sujang!'

renjag. rewas. sakedapan mah ngaheneng. ngarasa aneh ku kalakuan mahiwal si
nini. ngan ari ku panasaran mah, kaluar oge pananya. 'hor naha leungit
pageto geuning? can leungit atuh eta mah. naha make nangis ayeuna?'

'enya sujang can leungit. diceungceurikan ayeuna teh, bane we nini keur
RINEH!'

'hah!? kulan?'

'enya jang, meungpeung RINEH!'

'beu!' beuki bengong, teu bisa ngomong deui. *speechless*, *mati kata*, ceuk
batur tea mah.

'tah ayeuna mah, ujang geura mulih, atawa bade neraskeun kukurilingan ge
mangga. sanes ngusir ieu mah. ngan ku datangna ujang, karinehan nini
kaganggu. padahal can cacap nini nyeungceurikan kored. sanes kurang sono,
mangga jang ijan geura mulih, da kapanasaran mah tos cacap lin? nini rek
neruskeun ceurik deui.'

bari angger teu bisa ngomong. kuring nguniang. terus muru panto. si nini
nuturkeun. sanggeus nincak golodog, malik deui bari ukur wasa unggeuk. teu
bisa ngunikeun mangga-mangga acan. ku juru panon kareret di tepis kolong,
deukeut tatapakan nu deukeut gologog ngajega: sakadang kored! sanggeus kitu
mah, leos we indit. di tukangeun kadenge panto ditutup terus ditulakan.
nging deui sora si nini ngabangingik. ceurik elah elih. jeung karasana teh
deuih, sakadang kored ngagupayan bari imut…….

~kuta pangberokan, 2008


[Non-text portions of this message have been removed]


------------------------------------

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke