Tadi bareng jeung budak, kuring nempo acara Earth Investigated ti 
National Geographic Channel perkara Atlantis. 

Anu mimiti ngadongeng perkara Atlantis teh memang Kang Plato. Ceuk 
Kang Plato, eta (budaya) Atlantis teh cenah KUDU ngandung 6 faktor:

1. Aya konstruksi kanal2 anu buleud (circle)
2. Manusa Atlantis nyembah jeung sok ngurbankeun sapi
3. Taneuh na boga warna beureum, hideung jeung bodas
4. Loba gajahan
5. Aya na 9000 saacan Masehi
6. Ancur na ku bencana alam (tsunami)

Dina eta acara ditempokeun 4 calon Atlantis:

1. Malta
2. Bimini di Bahama
3. Yucatan di Mexico
4. Santorini di Yunani

Tah, nu cocog jeung 6 kategori Kang Palto mah ... Santorini.

Aya teori anu nyebutkeun yen cenah Atlantis teh di Nusantara? Coba 
urang talek deui, mana bukti2 na anu asup kana 6 kategori di luhur?

Bae... ngaran na ge ngarahul lah! Nengan nu euweuh ieuh, tamba 
ngalamun! :))

baktos,

Rahman


Kirim email ke