Kutan kitu bah Willy, tutut "garut" kawentar nepi ka Bandung. Hahaha.

Jigana wae kulantaran di kawasan Garut masih jarang industri, teu pati
kapangaruhan ku limbah pabrik.

salam,
mh

On Wed, Dec 10, 2008 at 4:49 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Lamun teu salah haremis mah habibatna teh dina cai herang, beda jeung tutut
> nu hirup di sawah, cai kiruh. Haremis nu gede ukuranana disebut kijing. Eta
> oge sok dikonsumsi. Di Bandung  tutut dijual dipasar, boh asakan atawa
> atahna, asalna lolobana ti lembur MH. Pamajikan sok nanyakeun heula, tututna
> timana? Lamun ti lembur MH  (Garut) kakara wani meuli, tapi lamun ti
> Ciparay/ Majalaya, teu wani, sieun loba limbah nu asup ka sawah didinya mah.
>
> Barudak kuring oge raresepeun kana tutut teh, bari ngecrokan tutut, kuring
> ngobrol ka budak: "Meureun kieu, manusa purbakala barang dahar, ngadahar
> sabangsa keong, cangkangna dialung-alungkeun nepi numpuk jadi pasir (bukit)
> siga di Palembang ......"
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>> From: Rahman
>> Bener Kang MH, beda habitat na antara (ha)remis jeung tutut mah. Ngan
>> kabeneran mun moro tutut jeung (ha)remis teh parendeng2. Walungan
>> Cipelang teh dikanalkeun, tah dina kanal mulungan haremis. Di sawah
>> handapeunana sok mulungan tutut.
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Reply via email to