Ditarjamahkeun (bebas) ku kuring tina Wiki-NL. Kajahatan Perang di Rawagede
Tanggal 9 december 1947 geus kajadian kajahatan perang di kampung Rawagede, ayeuna ngaran na diganti jadi Balongsari (Karawang, Jawa Kulon), kl. 100 kilometer wetaneun Jakarta. Poe eta ampir sakabeh penduduk lalaki eta kampung (431 jelema)ditelasan ku militer Walanda anu keur patroli neangan pejuang kamerdekaan. Militer Walanda ti mimiti tanggal 21 juli aya di Indonesia dina raraga Politionele Actie ka hiji. Excessennota Walanda taun 1969,nyebutkeun korban 150 jiwa. Tapi nurutkeun Comité Nederlandse Ereschulden korban teh 431 jelema. Hiji komisi panalungtik ti PBB tanggal 12 januari 1948 nyebutkeun yen eta kalakuan militer Walanda teh 'ngahaja' jeung 'teu euleum-euleum'. Tanggal 17 augustus 1995 stasion tv Walanda RTL-4 nayangkeun hiji dokumenter nu dijudulan Excessen van Rawahedeh. Hiji program televisis Ovt (Onvoltooid verleden tijd) tanggal 9 december 2007 oge nyusud ieu kajadian dina hiji film: Het bloedbad van Rawagede. Tanggal 2 februari 2008 dina acara tv EénVandaag oge nayangkeun hiji item Excuses voor Nederlands bloedblad? Ke disambung deui.... nya? R
