Naon hartina ieu babasan teh?

Anu jelas nunjukkeun hiji situasi kakagok, karempan jeung nunujukkeun 
sikep sieun ku bisi. 

Ieu teh salah sahiji mind set urang Sunda? Bisa jadi kitu. Sabab ieu 
babasan teh sering pisan kadengena. Naha ieu sikep teh ngandung harti 
yen bangsa urang teh TEU boga lolongkrang jang mikir BEBAS sacara 
individu alatan kagok jeung sieun dina nunjukkeun argumen pribadi na?

Dina basa Walanda, aya oge babasan anu sarupa. Mond vol tanden 
hartina... sungut pinuh ku huntu. Tapi ieu babasan teh diterapkeun 
lain alatan ku sieun, tapi nunjukkeun hiji situasi dina hiji diskusi. 
Hiji peserta diskusi teu bisa ngajawab atawa mere argumen anu hade. 
Jadi weg sungut na pinuh ku huntu he he he. Ngabelekbek teu bisa 
ngajawab.

Heurin ku letah teh hiji sikep nu negatif atawa positif? Sok ah.... 
obrolkeun euy!

baktos,


Rahman

Kirim email ke