Karek manggih degung mp3-na... manawi aya anu resep :). Tilam Sono
Ieu lagu tilam sono Nyanggakeun kanu ngadangu Ieu lagu tilam sono Nyanggakeun kanu ngadangu Abong kena tangkal kina Suluhna dikaparakeun Abong kena abdi hina Sok mindeng disapirakeun Kincir leungit kabendungan Hayang leuleuweungan bae Pikir ngait kadunungan Hayang reureujeungan bae Ieu lagu tilam sono Nyanggakeun kanu ngadangu Ieu lagu tilam sono Nyanggakeun kanu ngadangu Soloyong kapal udara Seubeuh dibuntangbantingkeun Sok abong kanu sangsara Seubeuh dipulangantingkeun Kabudayaan kaseniaan Parajukeun babarengan Pajuanna sewang-sewangan Kudu akur jeung babaturan Ieu lagu tilam sono Nyanggakeun kanu ngadangu Ieu lagu tilam sono Nyanggakeun kanu ngadangu Kapungkur abdi di Bandung Ayeuna mah ditebihan Kapungkur hirup mungpulung Ayeuna kantun sedihna Komo kasenian Sunda Bangga anu tanpa tanding Henteu kenging digarewong Sok komo henteu ditaliti Ieu lagu tilam sono Nyanggakeun kanu ngadangu Ieu lagu tilam sono Nyanggakeun kanu ngadangu Kamari di Neglasari Ngala cereme dileuweung Hate abdi bati nyeuri Asa di mumare deui CMIIW bilih aya anu lepat... Salam Sono, KAsep
