Tambang Emasna sareng Tambang brlian na anu napel kana nuansa pulitik. Ari
Emas sebagaey logam Mulia sareng berlianna na tiasa disebat valuta komoditas
bebas pulitik.

On 1/6/09, Rahman <[email protected]> wrote:
>
>   --- In [email protected] <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>,
> "Dian Tresna Nugraha"
> <dian.nugr...@...> wrote:
> >
>
> > DN:
> > Logam mulia saperti emas, perak, platina sacara alami tos jadi
> valuta
> > bebas pulitik..
>
> Enya eta teh Kang kitu? Coba bandungan we tambang emas Amrik di Papua.
> Jaman Soeharto muatan politik na badag pisan. malah ayeuna ge pan jadi
> tambah pakepuk lin?
>
> Sigana mah TAYA hiji komoditi anu bebas polio! Mun (sumber) ditugaran
> jelema, hartina pajuriewet jeung politik. Di NL aya istilah berlian
> getih. Eta teh berlian Afrika hasil bbobolokot jelema leutik anu
> dibudakkeun ku warlord, dijual ka Eropa ditukeuran ku pakarang. Kuring
> mah pesimistis lebah dieu mah.
> > >
>
> > DN:
> > Teu acan aya kacaritakeun emas overproduksi.
>
> Memang enya kitu. Ngan anu disebut komoditi mah, komo komoditi mahal
> mah, sok aya ka ditu na. Contona minyak geuning, produksi ge ajrut2an
> geuning? :))
>
> > DN:
> > Pami teu lepat ngartos, pikeun ngadamel hiji unsur kimia, bakal
> > langkung seueur energi (biaya) anu diperyogikeun batan hasilna,
> margi
> > nu namina unsur kimia mah gaduh komposisi atom anu stabil. Janten,
> > nyobian sintesis unsur emas tina unsur-unsur sanesna mah sigana sami
> > sareng ngajak bangkrut.
>
> Ieu mah sakadar bandingkeuneun. Teknologi manusa maju kacida. Emas ge
> moal pamohalan disintetiskeun. Ayeuna berlian sintetis ge pan kualitas
> na leuwih hade tinimbang berlian alam. Urang tungguan we.... he he
> he... duka kaalaman duka moal? :))
> >
>
> > DN:
> > Abdi ningalna teu nanaon.. Mangga wae. Da dina dasarna mah ekonomi
> pan
> > pagentosna komoditi.
>
> Di supermark RI kuring ngalaman siga kieu. Balanja loba, terus mayar.
> Meunang pamulangan kembang gula! Aneh...
>
> Tapi leuwih aneh deui, kuring teu bisa mayar komoditi make kembang
> gula! :))) Kumaha tah?
>
> > Misalna abdi gaduh peternakan domba, sigana abdi bakal nyobian
> > nyumpingan "Carrefour" bari nyandak hiji domba kanggo digentoskeun
> > kana beas sareng kaperluan saminggueun :-))
> >
> > Basa pesawat IPTN dibayar ku Thailand nganggo beas ketan, abdi oge
> > ningalna teu nanaon, da urang peryogi beas, Thailand peryogi
> pesawat.
> > Atuh urang ngagaleuh Sukhoi ti Rusia pan ku bahan pangan sareng
> > sandang. Ieu mah hal anu wajar pisann.. :-)
> >
> > Anu teu wajar mah tapi urang tetep onjoy wae ngalakonan teh nyaeta
> > artos anu tina kertas, backingna ngan 60% tapi tiasa digentoskeun
> kana
> > barang / jasa anu 100% .. tah ieu aheng :-)
>
> Kuring mah ningali na sabage hal anu wajar we. Sistem barter geus
> evolutif, jadi leuwih abstrak. Duit teh... kapercayaan manusa anu
> disimbolkeun ku kertas. Mun balanja liwat internet, pan mayar ge
> dijital ayeuna mah? Kudu diguruhulkeun deui kitu? :))
>
> Perkara beking teu beking mah eta mah urusan sistem jeung aturan
> nagara. ALUSNA mah dibeking 100%. Ngan sigana mah mun ngabeking 100%
> mah hese.
>
> Aya kitu hiji valuta anu 100% dibeking emas misalna? Kumaha sistem na?
>
> >
>
> > DN:
> > Nu pasti mah kaperluan unggal jalma teh teu robih, nyaeta peryogi
> > tuangeun 2500 dugi ka 3000 kalori sadinten. Peryogi hateup pikeun
> > ngiuh, peryogi kandaraan pikeun pipindahan. Kaperluan-kaperluan
> dasar
> > ieu teu robah.
>
> Jaman kuring keur budak, asa teu aya kaperluan nabung jang meuli
> 'game' misalna siga budak kuring ayeuna. Tiap generasi beda kaperluan
> hirup na. Beda oge kabutuh na.
>
> Mun baheula mah ukur cai atah, pan ayeuna mah sagala rupa ge aya?
> Jeung anu leuwih penting, barang2 kaperluan urang ayeuna datang ti
> mana mendi. Enteh jeung kopi ge pan lain pituin Sunda misalna? Kumaha
> tah?
>
> >
> > Kukituna anu beunghar teh pan ditingal tina sabaraha langkung
> > kakayaanana dibandingkeun kaperluan dasar ieu. Lamun langkungna
> > seueur, mangka di dinya janten wajib zakat.
> >
>
> Kuring panasaran oge, cikan aya literatur perkara ekonomi Arab jaman
> Umar tea Kang? Aya (keneh) arsip perekonomian jaman harita kitu?
> Kuring panasaran oge hayang ngabandingkeun jaman harita jeung ayeuna.
>
> baktos,
>
> Rahman
>
>  
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke