Punten Kang AD, ari uing mah noong agama jeung sains teh jiga kieu:
upama keur ngagugulung sains, tah jigana agama teh jadi salah sahiji
refernsina. Kitu deui upama keur ngotektak agama, nya sains jadi salah
sahiji referensina.

salam,
mh

On Sun, Jan 18, 2009 at 8:53 AM, Ahmad Dimyati <a_dimya...@yahoo.com> wrote:
> Kang Rahman;
> Ari agama jeung sains nyokona dina akal manusa mah, atuh ulah ngibaratkeun 
> duanana siga dua rel kareta nu sajajar tapi moal tepung. Kudu diibaratkeun 
> siga monorel nu ngahiji ti awal nepi ka akhir. Kumaha ngahijikeunana? Nya 
> gunakeun sagala kamampuan manusa.
> Cek kuring mah, boh dina nyekel kayakinan agama boh dina ngudag bebeneran 
> elmu, manusa ngagunakeun sagala komponen DIRIna (nafs, self) mangrupa raga, 
> indra, akal, naluri jeung sajabana nu dihirupan ku RUHna. Sakumna komponen 
> eta teh (kuduna) digunakeun manusa, teu aya nu ditinggalkeun.  Cek teori 
> biologi ge mun aya jaringan atawa organ makhluk hirup nu teu pati digunakeun 
> sok jadi "rudimenter" (naon nya Sundana?). Satuju, intelegensia bisa lahir 
> tina naluri oge! Meureun, kadar intelgensia hewan (kaasup manusa) berevolusi 
> sakumaha evolusi komponen-komponen DIRIna tea. Teu nanaon mun urang nganggap 
> sato (malah oge tutuwuhan) teh "beragama" jeung "berelmu". Ngan meureun 
> "agama" jeung "elmu" nu kadarna sesuai jeung tingkat evolusina. Meureun 
> tingkat pemahaman jeung kapasitas pengamatan urang manusa can nepi ka dinya. 
> Boa aya manusa nu tingkat nabi atawa wali nu uningaeun kana kadar agama jeung 
> elmu sato/tutuwuhan. Wallohua'lam!
>
> AD
>
>
>
>
> ________________________________
> From: Rahman <rsyaif...@yahoo.com>
> To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
> Sent: Saturday, January 17, 2009 20:31:25
> Subject: [Baraya_Sunda] Re: agama versus sains? jilid 3-
>
>
> --- In Baraya_Sunda@ yahoogroups. com, mh <khs...@...> wrote:
>>
>
>> Tah ieu teh conto, kumaha pabeulitna pipikiran nalika noong agama
>> batur. Tiheula kumaha pahibutna komentar nalika aya nu noong Sunda
>> Wiwitan make frame Islam. Geuning angger we dina prakna mah noong
>> agama batur teh, sok wae tisoledat make frame agama nu noongna.
> Cobaan
>> geura make sudut pandang pikiran hayam atawa embe, bisa teu? Sugan
> we
>> hayam oge embe boga pikiran. Hehehe.
>>
>
> Kang MH,
>
> Rada pekepuk euy, kuring keur kuriak yeuh. Boga imah anyar ti taun
> 1920. Kudu loba direnovasi. Jadi rada elat rek milu ngobrol teh!
>
> Akur lebah dinyana mah, ngan nya kitu lebah sains jeung agama ge pan
> manusa sentris. Coba we tempo, teu kudu make elmu nanahaon, tempo make
> akal sehat.... agama jeung sains AYA na ukur di manusa!!!
>
> Pernah nempo ucing ibadah? Atawa elmu biologi gaya ucing? Pan
> hanteu.... atawa kuring belet kacida TEU bisa nempo elmu jeung agama
> ucing???? :)))
>
> Akal manusa NURUNKEUN agama jeung sains ceuk kuring mah. Kade...Teu
> perlu satuju jeung pamanggih kuring. Anu jadi alesan jeung argumen
> na... LANTARAN manusa mah beda jeung sato sadar BAKAL paeh! Eta pisan
> anu jadi cukang lantaran mucunghulna agama jeung sains. Manusa mah
> hayang nyaho kumaha nyukangan eta sakadang paeh. Makana.... manusa mah
> PERLU aya na ritual kaagamaan jang nyanghareupan paeh, OGE perlu
> tarekah dina wujud sains jang ngalengkahan panyakit anu tumiba kana
> diri na.
>
> Sadar kana aya na paeh nyieun manusa naglengkah kana dua domain agama
> jeung sains.
>
> Coba tataan.... aya kitu masjid na hayam, gareja na kebo, kuilna onta?
> Aya kitu rumah sakit embe, atawa sakola monyet?
>
> Mun kuring salah nempo, pangbejaankeun!
>
> baktos,
>
> Rahman
>
>
>
>
>      New Email addresses available on Yahoo!
> Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
> Hurry before someone else does!
> http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke