cek kuring mah hal ieu teh konsekwensi kang asep, konsekwensi ngilu gabung
jeung indonesia. urang geus teu bisa ngaku deui, ieu tanah sunda. kiwari
sunda ayana ngan ukur dina hate. darajatna beda-beda, aya nu nganggap ukur
sadirieunna wungkul nu sunda. maranehna teu paduli rek kawin ka urang mana,
anakna rek jadi urang mana, hartana meunang ti urang mana, tanahna dijual ka
urang mana. nu penting keur manehna teu ngalanggar palanggeran nu aya di
nagara tempat manehna cicing. nepi ka sabalikna aya nu nepi ka pamajikan,
anak, harta benda kaasup tanah nu dipimilikna kabehna disundakeun, maranehna
teu rido lamun hal-hal eta ka luar ti sunda...

On Fri, Feb 13, 2009 at 3:51 PM, Aschev Schuraschev <
[email protected]> wrote:

> Saeutik-saeutik wilayah katut
> budaya Sunda robah jadi budaya lian. Kacamatan Cimanggis, Kacamatan
> Sawangan,
> Kacamatan Limo jeun sawatara desa nu asalna mangrupakeun bagian ti
> Kabupaten
> Bogor (kalayan bahasa jeung budaya Sunda) diasupkeun ka kota Depok mangsa
> dibentukna kotamadya Depok. Kiwari dina situs web Kodya Depok ngajeblag
> gambar
> abang & none Kota Depok. Jadi urang Sunda nu aya di kacamatan-kacamatan
> jeung desa-desa nu disebut di luhur meureun ayena mah katelahna abang jeung
> none (jadi urang Batawi).  Naha beut kitu? Salah urang Sunda keneh beut
> ngahambur-hambeur lembur dibikeun ka batur.
>
>
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke