Haturan Kang,

Wilujeng sumping di milis BS. Sok ah urang ngarahul patarik2 di ieu 
forum! :))

baktos,

Rahman

--- In [email protected], "PPIC Inventory" 
<ppic.invent...@...> wrote:
>
> Sampurasun Nun,
>  
> Nepangkeun simkuring Rahmat (Abah 3roet) alhamdulillah simkuring 
tiasa ngagabung sareng baraya_sunda, ari kawit mah simkuring teh asli 
Garut, rajana 2D (Dodol & Domba).
>  
> Maksad simkuring ngagabung sareng baraya_sunda, simkuring hoyong 
nambih wawasan sareng baraya urang sunda, kumargi ayeuna simkuring tos 
9 tahun ngumbara di kota Bekasi anu wargana campur-campur.
>  
> Sateu acanna simkuring nyuhungkeun tihapunten bilih aya ucap sareng 
basa simkuring kirang mernah, maklum simkuring mah jalma kamari sore 
anu teu seueur pangalaman kana masalah basa sunda anu sae.
>  
> Punten aya sakedik usul ka moderator baraya_sunda, ari lebet kanu 
millist ieu teh mani sesah pisan, simkuring ampir aral subha tos 
sababaraha kali daftar tapi hese' pisan, upami tiasa mah kanggo 
kapayunna tong hese' teuing atuh.... hawatos ka baraya anu bade 
ngiring kana millist ieu.
>  
> Haturnuhun,
>  
> Abah 3Roet
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>



Kirim email ke