cingir, jempol oge curuk diacungkeun !
METAAAAAAAALL..........

On Tue, Feb 17, 2009 at 5:39 PM, <[email protected]> wrote:

>
>
> Rek Nungguan Tujuh Gunung Bitu ?
>
>
>
> Muterna
> mangsa lain ukur sakolebat,
>
> robahna kaayaan
> teu bisa sakocepat,
>
> pindahna kaayaan
> moal enya sakolepat,
>
> matakna ari
> lelengkahan ulah kalah matak tibelat.
>
>
>
> Mun teu saiket
> aranjeun lain nanaon,
>
> kuduna dipikir
> bulak-balik sababna kunaon,
>
> mun aranjeun
> gagabah ngalengkah kalah matak nanaon,
>
> anggur sing
> sabar jeung tarapti ngarah ka aranjeun teu matak nanaon.
>
>
>
> Ulah beunang ka
> olo kunu ngajangjikeun itu ieu,
>
> aranjeun geus
> poho jalma-jalma kamari nu padu jangji itu ieu,
>
> dina
> prak-prakana angger euweuh itu ieu,
>
> karunya anaking
> ulah didenge nu ngabibita itu ieu.
>
>
>
> Ngahijikeun
> dulur wae can bisa,
>
> ngariung jeung
> batur salembur wae can bisa,
>
> ngarasa sahate
> jeung babaturan wae can bisa,
>
> arek kumaha
> aranjeun arek nanjeurkeun sunda.
>
>
>
> Kajeun beda
> babawaan,
>
> kajeun teu sarua
> kayakinan,
>
> kajeun lain ti
> hiji paguruan,
>
> kunaon bet
> angger di gedekeun bebedaan?
>
>
>
> Rek nepi ka
> iraha aranjeun kitu?
>
> Rek nungguan
> tujuh gunung bitu?
>
> Rek nungguan
> gagak ngelak na tutunggul?
>
> Rek nepi ka
> ngaran aranjeun diserat na tunggul?
>
>
>
> Manusa turun ka
> dunya pasti barareda,
>
> jadikeun hiji
> kakuatan tina beda,
>
> coba tempo
> cinggir jeun jempol anjeun pasti beda,
>
> moal enya
> duanana misah kusabab beda.
>
>
>
>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>  
>



-- 
ES
ars long vita brefis


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke