Haturan kasadayana,
Kang Rahman Kuring pernah maca dina salah sahiji facebook babaturan yen 
agama modern mah nyembahna kana "CINTA KASIH" atawa "WELAS ASIH"
ari samentara pamikiran kuring mah bakal nanjer mun kitu mah alam dunya 
teh cigana, sabab manusa ngamumule sifat alusna manusa...kumaha tah kang?

Baktos



Rahman wrote:
>
> --- In Baraya_Sunda@ yahoogroups. com 
> <mailto:Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, Ahmad Dimyati <a_dimyathi@ 
> ...> wrote:
> >
> > Haturan kang Rahman;
> > Punten lami teu posting nu serius. Tulus ka Wina teh, ngan teu 
> >>laluasa ka ditu ka dieu. Ngan ukur nempo Kunthistorische Museum 
> >jeung Istana Kaisar Franz Joseph, kitu ge teu sabatae.
>
> Wah, hanjakal teu nyimpang ka NL heula atuh Kang! Boro ditungguan, 
> jang ngabantuan ngecet tea he he he.
>
> > Kembali ke laptop: Nya mangga wae ari kang Rahman bade keukeuh dina 
> >pamadegan kitu mah. Kuring teu bisa mungpang jeung maksakeun kahayang 
> >kuring.
>
> Akur Kang AD,
>
> Kuring beda dina cara nempo ieu masalah. Beda cara nempo, lain hartina 
> urang keur pasesa lin? Ieu mah sakadar tukeur pikiran. Mun jalan 
> pikiran Akang jeung kuring na sarua... nya moal bisa disebut diskusi 
> atuh he he he...
>
> Anu jelas, susuganan jadi eupan bahan pikiraneun urang KABEH. Hiji hal 
> anu jelas, cara pikir kuring can tangtu bener na. Jadi mun bisa mah, 
> coba rugrugkeun we argumentasi kuring.... da kaci. Pan keur diskusi 
> lin? ;))
>
> > Ari pamadegan kuring mah dina menyikapi tuntunan agam jeung sains 
> >teh manusa kudu ajeg ulah galideur kana prinsip nyekel bebeneran. 
> >Ngan ku sabab manusa mah bisa robah pikiran jeung perasaanana (kaasup 
> >kabeuki!) bebeneran agama jeung sains teh bisa robah dina persepsi 
> >manusana, boh bebeneran agama nu sifatna subyektif boh bebeneran 
> >sains nu sifatna "obyektif".  Tah dina dinamika perubahan persepsi 
> >bebeneran eta teh, tuntunan agama jeung sains kudu digabungkeun, teu 
> >dipisahkeun. Hartina dina nafsirkeun tuntunan wahyu jeung 
> >ngalarapkeunana kudu diadumaniskeun jeung bimbingan elmu.
> >
>
> Hayu Kang urang tuluykeun deui atuh rahulanana nya? :))
>
> Ngarah kuring teu salah harti, kumaha strategi ngawinkeun agama jeung 
> sains teh atuh Kang AD? Terus terang kuring masih keneh bingung...
>
> Sacara kalimuan, urang ditungtut skepsis kana sagala hal. Terus.... 
> urang sambungkeun kana situasi ieu. Sabage muslim urang dititah 
> jujungkiran solat. Maksud jeung tujuanana pan teu jelas, da ngaran na 
> ge PARENTAH Pangeran. Kaci teu mun urang skepsis kana ieu parentah agama?
>
> 'Bener'na agama (make tanda kutip) disaruakeun jeung benerna kailmuan?
>
> baktos,
>
> Rahman
>
> 



[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke