sakali deui alam geus nembongkeun wewesenna. isuk tadi kira-kira jam 04.30
subuh, cai situ gintung ngabobol cekdamna. ngaleled taneuh, sato, tangkal,
imah, oge .... jalma. situ sapanjang 70 meter ieu teu wasa ngawadahan
tambahan cai. cai hujan nu geus "tilu poe" noron dikucurkeun mega. diembohan
ku dam nu geus kawilang heubeul. hasilna, nepi ka warta panganggeusan nu ku
kuring katingali di tv, puluhan nyawa paragat. karek 38 mayit nu geus
katimu. salapan urang diantarana can kaidentipikasi. nu masih hirup
leungiteun tempat nyiruruk...

dina pesbuk, aya saurang babaturan, erwin rudianto, saurang aktipis budaya,
nulis dina statusna: "*akan terus datang bencana/musibah/celaka apabila
kualat dengan orang tua/karuhun/nenek moyang kita.**akan terus datang
bencana/musibah/celaka apabila kualat dengan orang tua/karuhun/nenek*".
heueuh, kabisa urang ukur mergasa alam titipan karuhun keur anak incu, bari
teu sayaga nyanghareupan resikona! lain wae nu aya di cireundeu, tangerang
tempat eta kajadian, tapi urang... urang sadaya sok poho, sok mopohokeun

pileuleuyan dulur, sing tarabah baraya...

duq
bari ngabangbrangkeun hate ku nulis: "puhu euweuh tungtung euweuh" duh...

-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke