> From: KAsep
> Manawi aya info Bah... ari engke gerbang tol Cisendawu eta bakal kaluarna 
> belah mana nya?

Kang Asep sareng Bah Iwa, tol Cisendawu teh cenah mah direncanakeun 
dikalereun jalan raya nu ayeuna. Janten upami di Jatinangor mah, tonggoheun 
kampus IPDN jeung UNPAD teras ka wetan, tapi tetep aya di kaler (beulah 
kencaeun jalan raya arah Bandung-Cirebon). Gerbang tol nu kahiji, gerbang nu 
lebet ka kota Sumedang, cenah pas/ caket  tukang tahu di Sindang Raja 
(Sumedang utara). Gerbang nu kadua di Cimalaka Sumedang, Gerbang nu katilu 
di Legok Sumedang. Gerbang nu ka wetanna mah teu apal.

Tapi info ieu, sanes info resmi, ukur ceuk cenah ..hehehehe, ari ngobrol pas 
nganjang ka Sumedang ....

Baktosna,
WALUYA 

Kirim email ke