--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <khs...@...> wrote:
>
> 
> sainget uing mah, asa can ngadenge aya nu ngalarang nongton wayang, kitu
> deui pantun.

Nuhun Kang MH,

urang tuluykeun we lah. Nyambung teu nyambung mah kumaha engke...:))

Pertanyaan kuring bisa oge disebut aclog2an. Ngan ieu pertanyaan teh ceuk 
pangrasa kuring mah tuluyna tina fatwa haram maca mantera. Akibat na? Dina 
pagelaran wayang jeung pontun maca mantera (rajah tea) mangrupa prasyarat. Mun 
teu make rajah sok tara jadi pagelaranana. Tah... sambungkeun kana aAnu 
ngedengekeun atawa nongton na, kumaha hukum na?

Keun bae euweuh jawaban na oge keur kuring mah, anu penting jadi pertanyaan 
balarea. Ngarah jadi pamikiran.... :))))
 
> 
> cing ari ceuk kang RH, lembaga jiga MUI teh perlu aya atawa henteu? hehehe
> (mh)
> 

Lebah dinya mah, kumaha urang na. Aya anu perlu.... mangga. Nu teu perlueun ge, 
nya teu aya halanagn asana mah? 

Ngan anu jadi ganjelan keur kuring mah, ieu lembaga teh bet siga teu puguh 
orientasi na. Lebah urusan paharaman... bet siga diobral. Anu jadi kapaur 
kuring mah... nya eta: inflasi paharaman. 

Mun sagala rupa rengkak paripolah manusa ditimbang ku halal-harama, lain tambah 
jelas... tapi tambah pakewuh. Alesanana? Enya loba hal anu MOAL jelas 
watesanana. Coba model nongton wayang make rajah? Paling henteu keur kuring anu 
belet mah.... teu (acan) kaharti jujutanana. 

baktos,

Rahman

Reply via email to