Alpukah tina tiginna Kang Ascheve, Wikipustaka alias Wikibooks versi Sunda tea ping 2 Agustus kamari diputuskeun *henteu jadi ditutup*.
Nuhun pisan utamina ka Kang Asep. Ka nu sanesna, diantos pangrojongna dina bentuk sumbangan aktif nyerat. ---------- Forwarded message ---------- From: Kumincir Wikidisastra Date: 2009/7/2 Kuring ge kakara engeuh, da geus lila teu kalongok. Cikeneh maca embaran, yen Wikibooks (dulurna WIkipedia), salasahiji proyek Wikimedia Foundation, anu versi Sundana (su.wikibooks.org) bade ditutup. Kuring salaku anu baheula ngadadasaran versi Sundana teu bisa kumaha, da memang hirup teu nyat paeh teu hos, taya alesan pikeun nolak ditutupna eta proyek, iwal.... mun aya nu rek ngagurudug ngokolakeun eta loka. Ari kuring pribadi mah batan sakieu ayana, waktu geus kasita ku gawe, teu sanggup ari kudu sosoranganan bae mah... -- sikandar kumincir.blogspot.com www.urangsunda.or.id su.wikipedia.org