Nambihan kang RH aya filem Contact di taun 1997an nu salahsahiji aktrisna 
Jodie Foster, nu sigana kainspirasian ku peristiwa Isro Mi'raj Rosululloh.

AD
Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!

-----Original Message-----
From: mh <khs...@gmail.com>

Date: Wed, 26 Aug 2009 16:04:05 
To: <Baraya_Sunda@yahoogroups.com>
Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: malaikat?


Kang RH, aya hal sejen nu kapikiran ku uing.

Mun ninggali kamekaran sains jeung teknologi di kulon, uing mah sok helok.
Ditoong-toong teh, imajinasi uing perkara kaahengan pagawean malaikat,
jigana teh keur urang kulon mah jadi sumber inspirasi nu kacida munelna.
Coba geura toong, aya malaikat nu tugasna nyatet amal tea, apan cenah
mampu nyatet sagala rupa naon wae nu ku urang dipigawe, moal aya nu
ka liwat. Dipikir-pikir ku uing apan kahebatan kamampuan nyatet malaikat
teh teh 'ditiru' ku urang kulon jadi sistim 'surveillance' make parabot
cctv,
blackbox, jeung sajabana.

Kitu deui dongeng-dongeng mistik, jiga carita jurug jarian, jin ifrit, jeung

sajabana, apan ku urang kulon mah jadi bahan carita keur lahan industri
film.

Nu pikawatireun, ari uing nepi ka kiwari masih ngulikbek mikiran, enya
henteuna, logik henteuna eta carita-carita di luhur teh.

mh

2009/8/26 rsyaifoel <rsyaif...@yahoo.com>

> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <khs...@...> wrote:
> >
> > kang ari ceuk uing mah, ku mekarna teknologi it, eta konsep nu baheula
> abstrak,
> >
>
> Bisa jadi kitu Kang MH,
>
> Malaikat bisa ditarjamahkeun jadi program alias fotware? :)) Ari hardware
> na nu kumaha atuh? :))
>
> Dina lukisan Leonardo da Vinci anu jadi bahan obrolan mimiti perkara
> mamalaikatan tea. Malaikat Jibril teh digambarkeun aya jangjangan. Jaman
> keur budak ge malaikat2 teh sok digambarkeun kitu. Najan tara disebut aya
> jangjangan oge he he he...
>
> Anu jadi bahan pikiraneun teh, kumaha carana ngajar budak urang ayeuna kana
> dogma jeung doktrin kaimanan siga kieu?
>
> Cara ngajar siga baheula geus teu cocog deui sigana mah?
>
> R
>
>

Kirim email ke