Ari tos puguh ayana dina domain iman, teu peryogi dipesek dina sisi sains.
Kajaba saupama urang bade nyiptakeun alat pikeun deteksina. Tapi da
substansina ge benten. Manusia mah dina alam raya / bumi / taneuh. Malaikat
mah dina alam cahaya.

Nembe tahap ngadeteksina oge sains mah tos lieureun, komo deui maksa sains
pikeun paham kana tugas jeung pagawean malaikat.

Tong boro tugas / pagawean malaikat, sains oge boloho pisan kana tugas /
pagawean jelema.

---
Dina domain iman, kacindekanana mah henteu lieur kang. Mung aya sakedik
distorsi informasi deui sigana mah .Padahal pan pagaweanana teh aya keneh
(QS 2:30).

Tapi barina oge, lamun leres M. Jibril pangsiun, urang mah kari nampi bae ku
kaimanan, sanes kanggo pikiraneun, da memang leres tos taya nabi-nabi deui.
Kantun risalahna anu urang peryogi regepkeun + amalkeun.


DN.

2009/8/27 rsyaifoel <rsyaif...@yahoo.com>

>
> Tah... obrolan kuring jeung budak kuring ge pan katingali hiji conto
> ngadukeun dua domain anu beda. Hasilna? TEU PUGUH!!! Pan aya kacindekan
> lieur sagala yen Jibril geus pangsiun. Sabab mun diruntut sacara logis mah
> SIGA enya kitu lin?
>
>
>

Reply via email to