"Hiji agama teu boga ajen LEUWIH luhur ti ageman sejen. " tiasa leres lamun
alesan anu di sebatkeun ku kang Rahman oge leres.

Tapi faktana mah hiji ageman sareng ageman sanes teh BEDA. Nu hiji tauhid,
nu sanes trinitas, nu sanesna deui politeis, nu sanesna teu percaya nanaon.
Kukituna, sacara akal urang ge tiasa nyusun rengking agama numutkeun akal
sewang-sewangan.

Dian.



2009/8/27 rsyaifoel <rsyaif...@yahoo.com>
  Aya hiji pelajaran hade keur kuring tina ieu obrolan perkara malaikat.
Kuring jeung budak aya kacindekan kieu.

Hiji agama teu boga ajen LEUWIH luhur ti ageman sejen.

Alesanana kieu.

Mun dina ageman urang aya malaikat, tapi dina ageman sejen oge boga konsep2
nu sarua.

Misalna Jibril tukang mawa wahyu tea. Dina mitologi Yunani aya dewa Hermes.
Tugasna sarua jeung Jibril. Hermes ge aya jangjangan deuih he he he.

Di urang aya malaikat Isrofil. Boga tugas ngancurkeun (alam)dunya. Dina
Hindu aya Syiwa.

Beda? Sarua? Duka teh teuing... ieu mah ukur pipikiran kuring wungkul.

R

Kirim email ke