Teu (acan) menta idin ti Kang MGT nga-fwd-keun ieu warta,

Tapi keun bae, sugan aya gunan na keur balarea. Paling henteu ngumumkeun 
pamaksudan Kang MGT. Kuring ngarojong pisan kana ieu ideu. Susugana  deuih aya 
sumbangan ideu sejen na?

Sabab nepi ka kiwari kuring nempo kaayaan urang Sunda anu hengker  (keneh) dina 
sagala widang.  Urang SUnda masih keneh siga nyere anu pabalatak. Upaya Kang 
MGT mangrupa salah sahiji lengkah mengkeut nyere jadi sapu. 

Prung ah Kang MGT!

R



----- Forwarded Message ----
From: Maman Gantra <mamangantra2...@yahoo.com>
To: Rahman <rsyaif...@yahoo.com>
Sent: Friday, August 28, 2009 5:25:06 PM
Subject: Re: Wilujeng


Hatur nuhun, Kang. BTW, abdi sareng sawatara baraya aya kahoyong meungkeut 
(persisna mah ngawadahan) wargi-wargi nu aktif di internet (boh milis, 
facebook, blog, atanapi kadar gaduh email). Panuhun, salira kersa ngiringan. 
Boh janten pangurus, atanapi kadar perwakilan Nederland.

Kasang tukang, oge visi misi, sareng naon nu bade dilakonan, kirang langkung 
sapertos nu dirangkum dina pangacaprukan ieu:

Kusnet (Komunitas Urang Sunda di Internet)
Sabab Sunda Satata, Ngajajar Saparat Jagat

Ayana
internet -- hususna milis, blog, twitter, atawa situs-situs “gaul”
lianna – lain bae ngadudangkeun tali silaturahmi papada urang sunda nu
nyampak di mana-mendi. Tapi, oge ngajugrugkeun fenomena rentulna
artefak-artefak kasundaan di alam maya. Kituna teh, kasundaan tadi teu
eureun dina “undak-unduk basa” – pahibut dina nyukcruk Sunda nu
otentik, nu sakapeung asa pamohalan bisa kaudag. Tapi, sumarambah,
malah ngaguludag pisan, dina widang-widang lianna. Luyu jeung
lolongkrang tur jembarna kahirupan nu nyampak.
Teu weudeu, hal ieu
nembongkeun kajembaran manusa jeung budaya Sunda: Sunda teh loba
wandana. Aya nu resep nyukruk tapak lajak karuhun -- ngorehan titinggal
budaya jeung sajarah. Aya nu resep ngomentaran kajadian-kajadian nu
nyampak di masarakat. Aya nu pogot ngulik kahirupan di alam gaib. Aya
oge nu curinghak mun geus ngomongkeun perkara tatanen. Malah teu
saeutik nu milih jadi bobotoh Persib atawa haben madungdengkeun endahna
scooter buatan Itali, jste.
Keur kum nu ngalandih maneh dina wadah
Kusnet (komunitas urang Sunda di internet), eta sakabeh kudu diampihan.
Kudu dipulasara, dimekarkeun, jeung dijeujeuhkeun. Lain bae keur hurip
hirup jinisna, tapi oge keur jalma loba – boh papada Sunda, oge kumna
manusa (mun bisa) saalam raya. Luyu, jeung papagon karuhun: Sunda teh
taya lian ti srangenge nu nyaangan buana.
Carana? Nya, sabisana
sabisana. Nu resep kana titinggal atawa tutungkusan karuhun, hayu urang
teruskeun murak eta tutungkusan teh. Keur nu resep ngulik tatanen, nya tatanen
naon nu matak ngaraharjakeun kahirupan sakabeh? Pon kitu deui nu jadi
guru, teknisi, programer, atawa pialang saham: Naon jeung kumaha
kaahlian sewang-sewangan nu bisa ngilu nyaangan buana?
Hartina,
saeutik loba, aya kahayang Kusnet sangkan teu eureun di ukur
padungdengan dina internet – boh milis, blog, atawa kadar chating.
Tapi, kumaha padungdengan eta bisa mekar dina kahirupan nu kongkrit.
Cohagna, nyieun kagiatan di darat – di dunya nyata. Naon bae nu bisa
dilakukeun? Nya naon bae, luyu jeung panglamunan jeung kamampuan
sewang-sewangan. 
Kukituna, Kusnet lain bae diajangkeun pikeun
ngawadahan kumna manusa nu remen icikibung di dunya internet, bari boga
karep keur ngamajukeun kahirupan – sasieureun sabeunyeureun. Tapi, oge
prak di dunya nyata. Mageuhan silaturahmi, bari ngalampahan tugas hirup
lianna: Ngilu nyaangan buana. 
Sangkan teu paburencay teuing, bari
leuwih gampil ngokolakeun atawa ngoordinasikeunnana, eta sakabeh minat
jeung kagiatan teh – saheulaanan – urang wadahan dina tilu kamalir:
Sosial, Ekonomi, jeung Budaya. Kadituna mah nya urang tingali bae karep
jeung ketak masing-masing nu ngokolakeun (boh pangurus, boh anggota)
ieu organisasi.
Eta, meureun, nu jadi pangulinan jeung implengan Kusnet nu satemenna. 

Cempaka Putih, 27 Agustus 2009



Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441




>
>
>
>
> 
> 
>
>  
>  
>
> 
> 



      

Kirim email ke