Hah Kang R kapancing ! Mun tos nyarioskeun iman, komo bari naroskeun ari
iman teh naon atanapi nangtang aanapi ngabejaan ari iman teh kudu kieu
teumeunang kitu.jrrd, tah diskusi siga kieu bakal divergen..moal
patepung..siga anu ngomong sorangan2.Tapi anu disebatkeun ku kang R yen Iman
teh similar to Dogma..ata mah mutlak..

On 9/1/09, rsyaifoel <rsyaif...@yahoo.com> wrote:
>
>
>
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>,
> muhamad rafah <nda1...@...> wrote:
> >
> >
> >
> > kumaha atuh ngarah teu taklid teh??
> >
> >
>
> haturan Kang nda,
>
> Kuring mah lain nyaho, saukur nyanyahoanan. Omongan kuring susuganan jadi
> eupan, bahan pikiraneun. Enya henteu na mah... ah..kumaha engke we lah!!:))
>
> Urang nyobaan nakol taklid suraklid.
>
> Sigana mah ari kangaranan iman mah nya KUDU taklid. Iman teh identik jeung
> dogma. Hiji ciri na nya TEU bisa dikritik! Eta anu ngabedakeun dogma jeung
> logika dina sains.
>
> Contona mah kieu....
>
> Mun urang teu 'percaya' kana hiji teori. Teori Einstein misalna... dina
> sains mah KACI. Buktikeun we kasalahan sakadang Einstein.
>
> Dina iman mah teu bisa kitu. Mun urang misalna boga kritik kana hiji rukun
> iman, pan dianggap JADI teu iman lin? Dina dogma mah taya OTOKRRITIK. Sagala
> rupa kudu dilegleg buleud2? :))
>
> Cobaan we ngritik hiji ayat suci! Ditanggung digarejud he he he....
>
> Meureun ketah.... :))
>
> baktos,
>
> Rahman
>
>  
>

Kirim email ke