--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, KAsep <dkaba...@...> wrote:
>
> Sok atuh Kang dimimitian pan aya partey ageman, tah partey budaya oge
> bisa kudunamah... Konsepna ti urang ku urang keur balarea, anggotana
> kudu cageur, bageur, singer, bener, pinter... Sasuai jeung kasundaan
> nu bodas/beresih kudu beresih oge pamimpina :)
> 
> 

Ciiik aya ideu, ka mana orientasi na?:))
Ieu mah sabenerna teh heureuy, tapi serieus oge. Useup jang diskusikeuneun. 
Sakalian rek nyalonkeun maneh jadi lurah eh..GUBERNUR he he he...

Bisa kitu nyieun partey NON politik? Sigana mah hese oge. Pan partey teh alat 
politik nya? Platform jang ngumpulkeun kahayang publik, anu diterapkeun liwat 
kakawasaan.

Partey teh hiji alat jang meungeut kahayang rahayat. Bisa jadi make jalur 
ideologi tertentu. Anu ngadukung ideologi sosialis, asup kana platform eta. Anu 
liberal pan OGE boga kamalir nu luyu.

Anu jadi pertanyaan... kira2 na  NAON anu bisa jadi kamalir kana kahayang urang 
SUnda sacara umum?

Hese oge sigana mah nyieun partey alias kamalir anu umum? Pan urang Sunda ge 
loba kahayang na: beda ideologi na, beda agemanana, beda orientasi sejen na... 
jlte?

Wilujeng pabeulit!:)))

Kirim email ke