Kahade, peupeujeuh, loba pisan jeleme nu mikangewa ka islam. Leuwih loba deui 
jalma anu prustasi kana kaayaan hirupna jadinya milih teu boga agama.
Kuring kungsi iluan milis nu kararieu, loba nyeri hate na, disebutkeun Muhammad 
si buta huruf yang ingin jadi nabi. Kungsi oge debat jeung jalma anu ngarang 
salah sahiji buku nu dilarang ku kejagung harita.
Teu saukur ngengewa, ngahina, tapi geus kana ngabujuk meh murtad. Dibejakeun 
logika na kunaon islam teh salah. Asup akal kabeh. Alus lah dalil na mah, jago 
ngutip al quran na.
Bahaya pisan!!
Ayeuna pluralisme geus ngajurus kana persamaan derajat agama satu dan yang 
lainnya, luwih ka campur2keun agama hiji jeung sejenna. Dicokot anu alus2 na 
(ceuk si eta na) dihijikeun. Rencana rek dijieun agama anyar. Jeung nabi 
anyar...
Gelo we lah...

{Panggil aku mang sholeh}

-----Original Message-----
From: "Remi" <rsyaif...@yahoo.com>
Date: Mon, 11 Jan 2010 13:09:03 
To: <Baraya_Sunda@yahoogroups.com>
Subject: [Baraya_Sunda] Re: agama sumber pacengkadan?



--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote:
>
> has di urang. sagala rupa ge bisa jadi untung nya kang?
> buntung suku mah untung cenah, untung teu nepi ka buntung hulu...
> 
> 

Urang teruskeun ngarahul perkara silih paehan make agama.
Ieu tulisan sakadar NYANYAHOANAN didasaran ku rasa handeueul kuring nempo 
situasi, loba na manusa nandasa manusa sejen alatan beda pamake!

Ari ceuk kuring mah, agama teh UKUR pamake pribadi.  Tujuan na sangkan urang, 
manusa anu dijadikeun tina dua sisi: kabutuhan logika jeung kabutuhan rasa 
alias emosi.

Kuring pernah ngabandingkeun agama jeung KABEUKI. Ari kangaranan beuki teh pan 
teu bisa dilogikakeun. Kuring beuki jengkol naon sabab na? Enya beuki we. Nu 
teu beukieun? Nya enya TEU beuki. Dasar na naon? Teuing....

Pacengkadan anu kabandungan ayeuna, didasarn kusabab jelema anu beuki hiji 
hal... "NGARASA" maneh PALING bener. Komo bari jeung didalilan ku ayat2 anu 
sacara pangrasa na nunujang bebeneranana.

Kieu atuh. Mun kuring beuki musik jazz, pek ngalelewean jelema anu beuki musik 
Cianjuran... kumaha tah? Jazz leuwih unggul tinimbang Cianjuran, atawa 
sabalikan oge? Asa teu kaharti.

Mun kuring beuki jazz, kuring TEU boga hak ngahakiman jelema anu resep dangdut! 
Naon oge anu rek dijadikeun alesan!

Nempo kasus Malaya. Mun tukang dangdut make gitar nu sarua jeung tukang gitar 
jazz... so what! Gitar na eta2 keneh... buatan Cina he he he. Genjreng na 
sarua... naha make kudu ngalelewean tukang dangdut? Komo make kudu ngalarang 
make gitar mah, lantaran gitar asal na ti Kulon anu leuwih deukeut jeung jazz?

Pangeran mah sagala beuki! Dangdut, jazz, kroncong, Cianjuran, bajidor, 
genjring.... jlte...

Tungtung tulisan na jadi lieur euy he he he.....


Kirim email ke