> "Remi" <rsyaif...@...> wrote:
> Balik kana perkara jalma atheis. Urang sabage manusa teu bisa jeung 
> moal bisa nganiley kitu wae. Kuring mah TEU yakin amal kahadean 
> manusa atheis bakal ENTENG ku Pangeran. Pangeran teh pan nitah KUM ka > 
> sakabeh manusa ngalakukeun KAHADEAN. Sigana urang bakal ngaleuleuwihi > 
> kawenangan Pangeran mun nganggap kalauakn hade batur jadi percumah?

Memang TEU PERCUMAH keur manusa mah, sabab amal perbuatan manusa anu HADE 
tangtu aya gunana keur manusa sejenna. Contona nu mantuan / nyumbang tsunami di 
Aceh, lini di Padang atawa ayeuna di Haiti, mungkin wae aya jalma nu Atheis 
atawa agnostik. Umpama urang nyebutkeun PERCUMAH, hartina urang teu ngahargaan 
kanu nyumbang/ mantuan, sabab saolah-olah  sarua we jeung ngomong : "Keur naon 
sia make nyumbang sagala, engke oge bakal asup ka naraka!"

Padahal keur nu keuna bancang pakewuh bantuan teh teh diperlukeun pisan, jeung 
rarasaan teh  moal aya nu tepi ka nanya: "Maneh agamana naon? Atheis lain?". Nu 
sok ngaributkeun hal nu kitu mah, biasana jalma ti luar, teu ngalaman bancang 
pakewuh, ukur nengetan wungkul.

Tapi ari persoalan jeung GUSTI mah, nya duka teuing, eta mah mung ANJEUNNA anu 
terang .....

Baktos,
WALUYA




Kirim email ke