leres kang... , agama teh pituduh kanggo jin sareng manusa (wamaa kholaqtal 
jinna wal insaa illa liya'buduun) saurna apan dina Al-Qur'an ge. pituduh jang 
nu hayang salamet di DUNYA oge di AKHIRAT.

kunaon kuring nyebut HUMANISMEU bagean tina ajaran agama? ayeuna upami 
HUMANISMEU gaduh tujuan ka-AKHERATAN teu?

urang bisa wae jadi sa-HUMANIS-HUMANIS na manusa, sa-HADE HADE na minangka 
manusa, mangga teh teuing. patarosan na yakin bakal salamet di AKHERAT? lamun 
urang henteu jadi jalma anu iman... nyaeta rukun iman nu aya genep tea nu 
diajarkeun ku agama sareng ngajalankeun parentah agama.. upami dilenyepan 
leres-leres.. hiji-hiji sakabeh rukun iman eta, kedahna kedah kaluar sifat 
salah sahijina HUMANISMEU di diri urang

tapi HUMANISMEU nu henteu didasarkeun kana kaimanan..? insya Allah kang, hayu 
urang buka Al-Qur'an.. urang baca Sunnah Rosul, urang contoan... mangga 
dilenyepan... sadayana ge aya di 2 sumber utama agama Islam..

sim kuring mah sabenerna teu pati paham kana teori-teori anu samodel kitu kang, 
mungkin oge kuring lepat hartos kana teori-teori eta. hapunten upami lepat teh..

wallohu'alam bishowab... 

--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Remi" <rsyaif...@...> wrote:
>
> 
> 
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "abdillahindra" <abdillahindra@> wrote:
> >
> > 
> > 
> > anu dibahas ku urang ieu teh aya 2 dimensi, hubungan jeung Pangeran, jeung 
> > hubungan jeung papada mahluk (jalma). katingali na makin loba jalma anu 
> > kabetot kana sisi humanisme, padahal humanisme teh sabagian leutik tina nu 
> > diajarkeun ku agama..
> > 
> > 
> 
> Nuhun Kang,
> 
> Urang teruskeun nu ieu. 
> Ari agama jang saha Kang? Jang manusa atawa jang Pangeran? Ceuk kuring mah, 
> Pangeran TEU butuh agama. Agama diturunkeun (keur anu percaya kitu oge he he 
> he) teh jang MANUSA alias human tea lin? Dina agama, ieu mah ukur ceuk 
> kuring, manusa teh sentral, saruan jeung dina paham humanismeu.
> 
> Keur sakuringeun mah humanismeu jeung agama teh identik. Mun urang nganggap 
> humansimeu UKUR sabagian leutik tina agama, walah bisa gawat oge. 
> 
> Mun aya jelema anu ngaku leket ibadah (agamana man naon we lah) pek 
> ngarogahala jelema sajen ATAS NAMA agemanana, kumaha tah? Bisa dibenerkeun ku 
> sakadang ageman teu nya? :))
> 
> Kumaha ceuk Akang kana kalakuan urang Malaya anu ngahuuru gareja ceuk 
> kaimanan urang? 
> Kaci teu?
>


Kirim email ke