Hehehe ari keur kuring mah 4 the sakral Kang ;))... Identik jeung Quota... Dek 
04 atawa 40 etamah kumaha Nu Ngersakeun weh ... Siga babaturan kuring ... 
Ditanya ku pamajikan nana Aa ari aa bade nyandung moal? 

Jawabana teh jodo bagja pati pangeran nu ngatur ... Jadi kusabab urang kudu 
tunduk ka pangeran jadi jawaban nana the ceunah kumaha Alloh we. ;))... 

Atuh puguh pamajikan nana langsung nyekel cangkeng bari nyiwit... Etamah lain 
kumaha Alloh ... Kumaha SIA!! Ceunah bari ngaleos hehehe ;))

Hidup 4 ... ;)

Salam04,
KAsep
Sent from my BlackBerry®
powered by Sinyal Kuat INDOSAT

-----Original Message-----
From: "Remi" <rsyaif...@yahoo.com>
Date: Tue, 09 Feb 2010 08:48:27 
To: <Baraya_Sunda@yahoogroups.com>
Subject: [Baraya_Sunda] Re: 40 Poe Na

Jaman Yunani Kuno mah angka 4 teh angka sakral. Anu jadi argumen na teh pan aya 
4 unsur bumi tea: cai, taneuh, seuneu jeung udara. Oge dihubungkeun jeung arah 
mata angin: kaler, kidul, wetan, kulon.

Ngan cenah di Cina mah angka 4 teh angka siap. Dina basa Kanton mah 4 teh sarua 
jeung 'paeh'.

Ari 40 kumaha nya?

--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Waluya" <waluya2...@...> wrote:
>
> > From: "Remi" <rsyaif...@...>
> > Puguh kuring mah rada panasaran kana asal usul simbol 40 eta. Anu jelas 
> > mah... nya eta 40 taun kukurilingan na nabi
> > Musa sabalad2 di gurun Sinai. Urang Yahudi puasa ge cenah 40 poe deuih, 
> > nyibolan eta aprak2an? Diteruskeun kana
> > puasana Yesus. Cnah pernah pauasa 40 poe oge. Prak2an paskah ... oge 
> > dimimitian ki simbol 40.
> 
> Puguh kuring mah, kakara sadar  ...hehehe. Salian ti angka 40, oge angka 
> 7(tujuh), 3(tilu), sakapeung 5(lima) oge. Salian ti angka 40, nu 
> mangrupakeun angka "genap", angka nu ngandung "mistik" lolobana  bilangan 
> ganjil. Cik sugan aya nu ngarti antropologi soal ieu?
> 
> Baktos,
> WALUYA
>



Kirim email ke