Bah, 
Sigana bisa oge logikana kieu ;).

Om-2 nu ararateul eta boga niat rek berpetualang ngan om2 eta aya 2 tipe, nu 
kahiji resep "meuli sate" tapi embung miara embe ;)). Nu kadua resep ngalanggan 
meuli sate ka hiji warung sate nepika miara embe nyieun contract rate supaya 
meunang corporate rate tea ;)) barijeung saeutikna ceunah "rada halal" ;)). Dua 
tipe Om-Om ieu sarua embung kabauan ku embe eta ;). Dina harti males ari kudu 
mere waris komo deui katohian ku pamajikan mah ;)). Bisa panjang urusan ;)).

Tah kusabab tipe nu kadua ngeus hese aya ancaman pidana, samentaun (samentara 
bertaun2) kalakuan Om2 eta teu berubah satungtung "pandangan hidup", jeung 
sigana moal rubah... Kusabab bisnis prostitusi ieu geus aya ti jaman dahulu 
kala... antukna Om2 eta bergeser jadi nya geus weh ngiluan kanu tipe 1. Tapi 
eta oge lamun berlakuna UU ieu ketat... Ari diurang mah pan UU teh lain keur 
dijalankeun pan tapi loba nu ngalanggar :).

Lamun di luar nagri sigana PSK teh mangrupakeun profesi ;))... Di urang oge 
istilahna geus alus Pekerja Sex Komersil, gaya pekerja oge ;)) kuduna keuna ku 
PPH 21 oge tah ;). Ngan bener ceuk Abah rata2 PSK ieu teu bisa ngamanage 
duitna, manehna teu boga simpenan keur jaga geus kolot. Pan dagang ge teu 
salawasna payu... Aya hiji mangsa nu ngeus peot teu ngenyod mah pan moal loba 
nu make, antukna salesna kurang samentara kabutuhan beuki ngalobaan. Sigana 
Kudu aya nu ngatraining para PSK ieu kumaha cara ngelola keuangan nana... 
Supaya kahirupan nana naek...jeung manehna aya career path... Mun beres jadi 
PSK jadi naon? Kudu aya pension plan oge ;)). Supaya anak-2na euweuh anu asup 
kanu liang nu sarua...sigana maranehna kudu asup program asuransi tah ;)). 
Atawa Jamsostek nya oge :)).

Tapi ketang pan aya rumus elmu barokah tea nya ;)) jeung rumus "duit jin 
dimakan setan" tea... hukum kekekalan energi... Yin & yang tea... Duit meunang 
teu bener beakna ku nu teu ecreug :).

Tapi kadang hukum alam eta jaman ayeuna rada diragukeun... Loba oge jalma anu 
jegud hasil teu eucreug jeung katinggalina malah tambah jegud weh... 

Ulah serius teuing ah... Ieu mah brainstorming weh ;))... Saha nu nyaho urang 
boga dulur jauh tatangga deukeut nu boga profesi jadi awewe simpenan... Atawa 
psk kudu dibejaan ngeunaan financial management ieu ;)). Babaturan kuring 
cicing di komplek anyar di bogor ceunah hoor eusina teh ceunah awewe simpenan 
oge... Malah mah leuwih tajir tibatan manehna ;)). Padahal karek mahasiswi tapi 
gaya geus boga imah, make mobil honda jazz anyar ceunah... Jam pemakaian na teh 
ceunah justru ti beurang ;)). Da si om lamun peuting aya di imah pamajikan nana 
;)). Ari beurang mah bisa bura bari moal kanyahoan ;)).

Dorongan keur jadi awewe simpenan tetep materi...jeung gaya hidup... Salain 
boga Om2 si awewe biasana ceunah boga kabogoh oge biasana anu brondong/ 
ngora... Si om na teu apaleun... Biasana duit si awewe eta beak diporotan ku 
kabogohna eta ;)). 

Babaturan bati gogodeg bari kumejot ceunah ;))... Wa'as ku nu munu'u na bari 
istigfar jeung teu ngedipkeun panon... Pencrongan kahiji mah halal kusabab eta 
mencrong teu ngedip2 weh hehehe.

Salam,
KAsep
Sent from my BlackBerry®
powered by Sinyal Kuat INDOSAT

-----Original Message-----
From: "Waluya" <waluya2...@yahoo.co.id>
Date: Wed, 17 Feb 2010 16:08:39 
To: <Baraya_Sunda@yahoogroups.com>
Subject: [Baraya_Sunda] Re: Ayo Sosialisasikan Pidana Kawin Siri

> dkaba...@... wrote:
> Sigana daripada ngaributkeun kawin siri mah pamarentah kudu 
> ngaronjatkeun parekonomian didaerah supaya maju. Da masalahna 
> hiji... Awewe daek di kawin kontrak kusabab bakat... Bakat ku butuh 
> DUIT!!!

Memang dilemna dina masalah ieu teh, ngan ari ceuk kuring mah KAWIN alias NIKAH 
mah tetep wajib dicatet/ diadministrasikeun ku nagara, supaya puguh jujutanana. 
Umpama wae aya awewe miskin, hayang kajait tina kamiskinana ku jalan dikawin ku 
lalaki beunghar,  jauh leuwih hade lamun  manehna kawin jeung lalaki beungjar 
ieu, resmi dicatet ku nagara. Manehna jadi leuwih kajamin (kaasup materi) 
tinimbang ukur kawin "bawah tangan" nu paling-paling lalaki barang berena lamun 
acan bosen. Ari geus bosen mah, lung dipiceun, si lalaki bisa neangan deui nu 
sejen, nu seger keneh.

Geus dipiceun? Si Awewe teu bisa nanaon, teu bisa nuntut materi/ jaminan da teu 
aya catetan "hitam-putih"na, padahal gaya hirup manehna geus ningkat/ luhur. 
Akibatna keur nutup "gaya hirup"na, bisa-bisa tigebrus kana jurang prostitusi. 
Hal ieu bisa ditalungtik di tempat prostitusi kumaha kasang tukangna para 
ungkluk. Ceuk kuring mah kawin siri/ bawah tangan boga potensi ningkatkeun 
prostitusi!. 

Tapi memang dilemna oge sabab nagara nganggap kawin siri teh  sraua jeung 
"kumpul kebo", padahal aya sabagian masyarakat nu nganggap
kawin "sah". Tapi ketang nagara pan boga kakawasaan, bisa wae ngalarang 
kabisaan masyarakat nu teu pati bener. Lamun teu kitu, bisa leuwih amburadul.

Ah ...serieus teuing ..hahahaha

Baktos,
WALUYA









 



Kirim email ke