Saurang lalaki naek pesawat, kabeneran pisan manehna diuk digigireun wanoja
geulis. Si lalaki teh hayang ngajak ngobrol, lumayan tamba kesel, komo bari
ngobrol jeung nu geulis mah. Ngan hanjakal Si Eneng geulis teh ngan ngadeluk
wae maca, sigana mah macaan mkalah-makalah nu diwadahan ku map. Waktu kapal
asup kana haseup, pesawat abrag-abragan, makalah-makalah si Eneng mawur
laleupasan ka handapeun korsi. Gancangan ku si lalaki teh dipangnyokotkeun,
terus dibikeun deui.

"Hatur nuhun", Galindeng si Geulis nganuhunkeun.

"Sami-sami. Mani serieus wae ieu teh?", ceuk Si lalaki

"Muhun, nuju macaan makalah hasil panaluntikan soal seks", Ceuk Si Geulis
tegas jeung teugeug.

"Oh ....",  ceuk si lalaki teh kaget, tapi keukeuh panasaran nanya deui,
"Perkawis naonna nya?"

"Ah sagala rupi we. Dina makalah ieu, hasil panalungtikan nunjukkeun lalaki
Sunda mah paranjang, tapi upami lalaki Batak mah galade!" , Ceuk Si geulis
ngajawab daria pisan, bari ngacung-ngacung salah sahiji makalah.

"Hmmmm", ceuk si lalaki teh rada ngahuleng, "Dupi Eneng mahasiswi kitu,
Saha nami teh?"

"Abdi Mirna, mahasiswi S2 Psikologi, dupi akang?"

Si lalaki teh gagancangan nyondorkeun leungeun ngajak wawanohan, bari
ngomong gagah pisan: "Ngenalkeun Akang, ASEP SITUMORANG!"

=WLY=

Kirim email ke