Ka baraya urang bandung atawa nu wik-end di bandung, bilih haat atawa bade
mantuan program pabukons-program nyumbang buku kanggo pabukon di desa-desa
tatar sunda (utamana jawa barat), mangga tiasa kucara gampang, sakalian
jalan-jalan.

Di toko buku gramedia lantai 2 (gigireun kasir) aya dus bin kotak  kanggo
wadah ka sing saha bae nu bade nyumbang buku. Timana bukuna, nya nu gampang
mah meser we di toko buku gramedia eta. Di sisi dus kota eta aya
tempat-tempat pabukons calon penerima. Ka nu bade nyumbang buku cenah tiasa
nangtukeun ka tempat /kabupaten mana buku sumbangan kedah
dikintun/disumbangkeun. Kaleresan, pabukons nu aya di daptar eta teh
seuseurna mah nu kungsi ku urang "dijieun" ku cara dikirim buku-bukuna tea.
Aya nu di garut, tasik, ciamis, bandung, cianjur, sukabumi, jsb

Kang kang Oman, di pangulinan si kuring aya buku sakardus mie instant
kintuneun ka Garut nu kapungkur ku kang Oman buku-bukuna dijajapkeun tea. Ke
urang bungkus nu wedel, urang kintun via pos bae.


Nuhun

Wilujeng wik-en

Mj


Reply via email to