--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <khs...@...> wrote:
>

> > jalan ngabulungbung, hayoh wae neangan "embe hideung"
> 
>
> 
> carana mah teu pira, eureunan make kecap "kumaha", "kunanon", jeung
> sajabana. ganti ku kecap "hayu", "hayu", jeung "hayu"!
> 

Neruskeun obrolan kamari jeung Kang MH.

Jalan ngabulungbung? 
Keur kuring mah MASIH keneh poek mongkleng Kang euy. Pareumeun obor keneh. 
Makana kuring mah rajin tunyu tanya, lain sabab nyaho, JUSTRU teu nyaho na! Mun 
aya nu pangjawabkeun, kacida atoh na.

Kaayaan masyarakat Sunda ayeuna keur kuring mah teu beda jeung jelema anu keur 
katalimbeng keneh, TEU nyaho arah.

Jurusna lain make kudu HAYU, moal nepi ka tujuan... sabab bisa nyasar! Mun 
katalimbeng pertanyaan anu PALING penting:

di mana?
kumaha?
kunaon?

Mun eta geus kajawab... kakara hayu!he he he...

Mun 'hayu'na diheulakeun... bari can nyaho arah kaler jeung kidul, dijamin 
muter!:))) Alias haben nagen!


Kirim email ke