--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Waluya" <waluya2...@...> wrote:
>
> Lalakon jaman katukang sok pabaliut malah sakapeung nu pabaliut teh sok 
> dimanfaatkeun kunu boga kepentingan (boh kapentingan politik atawa 
> kapentingan masalah materi/ duit). Contona lalakon "Mbah Priok" nu pabaliut. 
> Aya nu nyebutkeun wafatna di taun 1756, tapi aya oge sejarahwan nu nyebutkeun 
> taun 1927, jadi kaitung anyar keneh. Nu mana nu bener? Duka, ngan nu jelas 
> akibat "pabaliut" nu dimanfaatkeun keur kapentingan, 2 urang paeh, puluhan 
> tatu acan karugian materi mah.
> 
> 

Sigana mah memang kitu dasar na, hese pisan neangan OTENTISITAS sajarah.Sabab 
na mah LANTARAN sajarah atawa sasajaraha DITULIS ku nu teu ngalalakon. Mun 
jelema anu ngalalakon oge, palebah nulis na ge sok ditumpangan interest na 
sorangan. 

Lain di urang bae nu kitu teh, sigana mah di sakulaih dunya. Sajarah mah 
identik jeung kapentingan hiji fihak.

Kulantaran kitu, urang KUDU maca sajarah make jurus KONTEKS! Maca sajarah kudu 
BARI dibarengan maca KONTEKS na. Bisa jadi konteks na: budaya, sosial, agama. 
Tah... make jurus kieu mah sok rada kaharti. Paling henteu INTI bebeneranana 
bisa katoong.

Pabaliutisasi sajarah teh bisa dilelempeng make taktik konteks sigana mah. 
Tapi... sanajan apal konteks ge, kadang2 HESE neuleuman hiji kajadian sajarah. 
Anu jelas urang TEU bisa kitu bae nyieun klaim BENER na hiji kajadian. Komo mun 
bari sumber na teu pararuguh mah, bari dicampuran ku urusan mitos jeung 
kapercayaan... tambah baluweng sigana mah he he he....

Conto anu jelas mah siga kieu. Loba raja2 atawa pangawasa di Nusantara anu 
MAKSA nyieun sarsilah nepi ka Adam! Lieur....:)))

Maca sajarah KUDU dibarengan ku porsi skeptis anu badag.

Meureun ketah....;))


Kirim email ke