Si Aki nepikeun, kumaha rama sareng
eyangna ngayakeun “ritual” tiap dinten Kemis atanapi Rebo: Dina kaayaan shaum,
batik-batik pununjul teh dikaluarkeun tina lomari. “Dibeberkeun kalawan
ati-ati, nepi ka seungit malati atawa zafaronna ngulibek ka saimah-imah,” saur
si Aki. Ti dinya, eta sinjang teh diangin-anginkeun di tengah bumi. “Mun
katingal kusut, nya ti poe Kemis keneh geus dilicin. Tara ieuh
dijembreng-jembreng di luar imah,” saur Aki Endang. Ka luar ti bumi teh nya
mangsa ka masigit, pangaosan, atawa...jihad alias perang.

Ieu batik, cenah, tara ieuh diseuseuh.
Ongkoh kotor ku naon, da teu dipake cara baju biasa. Sakalina diseuseuh teh ukur
dikeueum ku aer mawar, dikucek-kucek, terus dijembrengkeun di...tengah imah.
Ukur diangin-angin. “Mun nuju ngaleot, Aki teh teu weleh gegereyeman. Duka
teuing naon nu dipapatkeunnana,” dongeng Aki Endang.

Tangtu bae, lian ti Bandera Ali,
kiwari eta corak batik teh sigana mah geus euweuh. Dalah pan industri batikna
ge ngilu susud. Sanajan harita pamarentah Soeharto pro pisan kana batik, di
antarana ngeprakkeun barudak sakola jeung pagawe nagari sangkan disaragam corak
batik, nepi ka urang Malaysia nalurutan nyarieun batik, sikep Soeharto teh
kadar nguntungkeun sawatara pabrik batik nu gede – salahsahijina nya PT Sritek,
Solo, nu dipiboga Harmoko sakulawarga, nu orderna lian ti batik saragam oge
saragam tentara kaasup tentara Srilanka. 

Bandera Ali ge, pan geus salin jinis
jadi make teknik sablon nu kasar. Di Tanabang jeung Senen, atawa di pengkolan
Banceuy-ABC, Bandung, masih keneh aya nu ngajualan ieu “bandera”, didagangkeun
bareng jeung minyak duyung, keris semar, benggol pajajaran, jeung sarupaning 
“pusaka”
lianna. Kurang leuwih taun 2003, kuring kungsi meuli Bandera Ali
versi sablon ieu. Hargana teu leuwih ti Rp 5 rebu. “Benggol pajajaran”, di
Banceuy ditawarkeun Rp 10 rebu sakepeng.

Naha konsumen eta pusaka teh aya?
Tangtu bae aya. Kaasup Dede Jusuf? Tanggtu bae heunteu. Juragan Wagub
disabit-sabit teh pedah bae, sawatara waktu ka tukang, mun teu salah taun itu,
anjeunna kungsi sasauran: Yen, urang Tasik jeung urang Ciamis kudu ngahucuhkeun
kana batik tulis. Ambeh hargana luhur.

Teu salah-salah teuing kasauran
Kanjeng Wagub teh. Ngan, keur kuring mah kurang afdol. Sabab, lain bae batik
tulis nu kudu ditingkatkeun teh. Batik citak, nu nyampak ti mimiti taun 30-an,
bareng jeung dipakena bahan-bahan kimia keur kelir batik, atawa batik printing
ge sarua kudu diundakkeun. Lian ti dipastikeun hargana bakal leuwih murah manan
batik tulis, sub sektor ieu tangtuna bisa leuwih loba nyerep pagawe.
Sukur-sukur bisa ngilu ngahirupkeun deui industri tekstil di Majalaya – mun tea
mah Patal-patal nu aya, sakumaha kasaksian kiwari, geus teu bisa diharepkeun
pisan.

Kumaha carana? Tangtuna lain bagian
kuring keur ngajawab eta. Ku ngacaprukeun perkara ieu ge, sigana, sumbangsih 
kuring ka
bangsa jeung nagara teh leuwih ti cukup. Sanes kitu, Aki? Sanes, ceuk si Aki.

 

Kebon Sirih, 31 Mei 2010 (mangsa
taktak pegel, tapak pepesvaan kamari).

 



Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

Reply via email to