Aya pustaka eletronik Universitas Cornell, nu ngamuat ratusan buku lalakon ngalalana urang bule ka lembur urang mangsa taun 1800-an. Tah tina buku-buku eta bisa katoong kumaha kaayaan lembur urang harita. Toong di dieu: http://dlxs.library.cornell.edu/s/sea/index.php
Jurusna pake kecap konci make ejaan heubeul. Salah sahiji contona ieu gambarna geura: 2010/6/9 Aldo Desatura ™ <hanja...@gmail.com> > > > abdi kakara terang aya sakola eropah di sumedang baheula na teh... aduuhh > hoyong ningali ka ayaan kota sumedang kapungkur kumaha nya? > > 2010/6/9 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id> > >> >> >> Dina memoarna R.A.A Martanagara (kungsi diposting didieu), di Sumedang >> baheula di abad ka 19, ngadeg Sakola Eropa keur Wanoja anak-anak menak >> Priangan. Ceuk Martanagara ieu sakola munggaran keur awewe nu ngadeg di >> Priangan (boa di Indonesia?). Kapala sakolana Meneer Warnaar. Muridna 12 >> urang anak awewe para bupati di Priangan (Iwal ti bupati Cianjur nu teu >> ngirimkeun anakna sabab masih cangcaya kulantaran guruna Non Muslim). >> >> >> Jigana salah saurang muridna R.A.A Lasminingrat, putra awewe Panghulu >> Muhammad Musa, istri Adipati Aria Wiratanudatar VII, bupati Garut jeung >> salah saaurang tokoh Wanoja Indonesia nu sabenerna mah bisa disajajarkeun >> jeung Ibu Dewi Sartika jeung R.A Kartini. Dina "Garutpedia" Lasminingrat >> dikirim ka Sumedang kulantaran aya walanda sobat ramana Levyssohn Norman nu >> cicing di Sumedang (engkena walanda ieu jadi sekertaris Gubernur Jendral di >> Hindia Walanda). >> >> R.A.A Lasminingrat wanoja nu maju pikiranana ngaleuwihan jamanna, malah >> sabenerna mah bisa disebutkeun anjeunna saleresna cikal bakal "gerakna" >> wanoja Indonesia teh sabab "kiprah" anjeunna jauh sateuacan RA Kartini atawa >> Dewi Sartika. >> >> Tapi anehna aran Lasminingrat ampir titeuleum kakara diguar ayeuna-ayeuna, >> oge perkara "SAKOLA EROPA" keur awewe di Sumedang sarua tara disebut-sebut. >> siga nu dipopohokeun atawa dihaja dipopohokeun. Kunaon nya? Pedah >> Lasminingrat putrana Moh Musa nu caket ka urang Walanda kitu? Kunaon deui >> sakola keur awewe di abad ka 19 teu disebut-sebut dina sajarah? Pedah sakola >> husus keur anak menak kitu jeung guruna urang Walanda? >> >> Duka, kuring mah teu ngarti, padahal ari perkara Walanda guruna mah, Bung >> Karno jeung Bung Hatta ge guruna Walanda, R.A. Kartini oge sobatna urang >> Walanda ..... >> >> Baktos, >> WALUYA >> >> > > > -- > Aldo Desatura ® & © > ================ > Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi > Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata > > > > >