Kuring mah tepi ka Bandung satengah tujuh, eureun heula di Cipatat, reureuh, 
teu kuat ku tunduh . Atuda peutingna kurang sare, sabab di imah loba keneh 
semah lanceuk nu ngawinkeun poe saptu atawa bisa oge mabok peuyeum kuningan 
candak kang Asep ..hahahaha. Tapi sugema pisan bisa papanggih jeung kang R 
sakulawarha, Teh Maria lengkep jeung carogena Kang Denis,  jeung baraya 
kawawuhan heubeul Kang Asep, Kang Dudi, Kang Eko sareng Kang Hendra. Jeung Kang 
R mah kakara ayeuna pajonghok, Hebatlah eta mah batur, yuswana sigana ukur beda 
5-6 taun ti kuring, sahandapeun, tapi siga nu umurna 35 taun (ceuk Kang Asep 
mah). Beda gizi meureun ..heuheuheu

Ke ngadongeng panjangna mah, rek  meuli lensa kacamata heula, kacamata nu biasa 
dipake peupeus kamari dina acara kawinan alo. Nu ayeuna dipake kacamata nu 
heubeul, geus teu cocog deui dipake nempo deukeut, rada lieur nempo layar 
kompie teh.

Baktos,
WALUYA


--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, dkaba...@... wrote:
>
> Heueuhnya Kang, 
> Bakat ku tajir meureun nu boga tempat wisata teh bet ditutupna teh poe 
> minggu, nu pasti loba nu bakal datang :((. 
> 
> Tapi Situ Gunung oge teu eleh asik, alamna lumayan alami nepika jalan oge 
> masih taringul ku batu hehehe. Tatangkalan nana bararadag ngan hanjakal minim 
> aktivitas keur kulawarga euweuh taman bermain barudak, jjrd. Iraha nya 
> pamarentah mikiran infrastruktur keur tempat wisata teh dialusan supaya 
> gerenah ;). 
> 
> Resep oge euy bisa panggih jeung Kang R sakulawarga, Teh M sakulawarga, Bah 
> Willy, MJ, Kang Eko, Kang Hendra jeung Kang Dudi... Ngan hanjakal Kang Kumi 
> teu datang sigana malem minggu na teuing geus melakukan aktifitas naon nepika 
> teu bisa hudang isuk :P. Boa-2 ngalanggar UU ITE mun disebarkeun teh video-na 
> :P.
> 
> Perjalanan bgr sukabumi lancar jaya, teu salah indit isuk, ngan balikna 
> lumayan pegel tuur euy. Sigana kudu buru-2 dijadikeun tah jalan tol sukabumi 
> teh atawa jalana di gedean.  
> 
> Nu jelas kuring teu nyangka ka Kang R euy ngaku na mah ceunah umur geus 50 
> taun tapi ari penampakan na mah asa karek 35 taun euy. Sigana mah luhung 
> elmuna ceuk kolot tea mah legok 
> tapak genteng kadek ;). 
> 
> Tong hilap Kang R oge nu sanesna fotona di uplod ah :D.
> 
> Salam DulDar ;),
> KAsep
> Sent from my BlackBerry®
> powered by Sinyal Kuat INDOSAT
> 
> -----Original Message-----
> From: "Remi" <rsyaif...@...>
> Sender: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
> Date: Sun, 01 Aug 2010 08:45:27 
> To: <Baraya_Sunda@yahoogroups.com>
> Reply-To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
> Subject: [Baraya_Sunda] Ngariung di Situ Gunung!
> 
> Enya... lain salah tulis, ngariung teh teu jadi di Sala(h)bintana, tapi mabur 
> ka Situ Gunung. Alatanana? Teu pira, anu boga kawasa ngawinkeun incuna 
> (meureun ketah, bisa jadi kawin ngatilukalian... he he he...). Anu jelas, 
> taman wisata SB ditutup keur publik. Bari euweuh embaran.
> 
> Di jalan pasanggrok jeung beus Semarang anu arek ulin ka SB. Asa karunya... 
> sajauh2 dijogjog. Taman na ditutup!:(((
> 
> Keun obrolkeuneun deui. Kuring masih keneh rada lalendeng rek tulas tulis teh.
> 
> Bersambung....
> Nu nyambung na mah saha bae... da kaci!;))
>


Reply via email to