Kang Willy; Untung fisika teh teu sagemblengna sains, oge teu sagemblengna bebeneran, nya? Aya dua pilihan keur "ngahijikeun" agama jeung sains. Kahiji, nyieun definisi anyar keur boh keur agama boh keur sains. Kadua, nyieun wahana anyar pikeun neangan jeung netepkeun bebeneran nu beda boh jeung agama boh jeung sains, sebut wae WAHANA KATILU. Alesanana: dina definisina nu ayeuna, boh agama boh elmu teu cukup keur ngalarapkeun kapasitas manusa nu sagemblengna. Jadi mun ngeukeuweuk otoritas agama jeung sains teu daek atawa teu panuju ngarobah definisina, kudu diciptakeun wahana sejen nu bisa nampung kapasitas manusa sagemblengna. Keur kalangan Islam mah, sigana keur neangan definisi agama jeung sains nu anyar teh bisa nalungtik leuwih jero naskah para ulama jeung ahli sains jaman kaemasan abad pertengahan kitu? Khusus keur prisnsip fisika nu nganggap barang teh euweuh mun teu bisa dideteksi ku pancaindera atawa ku alat, bisa dihartikeun yen Fisika mampu netepkeun nu aya tapi teu mampu netepkeun nu teu aya. Teu kadeteksi ku indera jeung ku alat can pasti nangtukeun teu ayana barang sabab bisa jadi indera jeung alatna nu teu mampu ngadeteksi. Ku ungkapan sejen lain barangna teu aya, tapi can aya "alat keur ngadeteksina". Nya ieu mah sami-sami ngiring "ngarahul" ceuk kang Rahman mah.
A. Dimyati ________________________________ From: Waluya <waluya2...@yahoo.co.id> To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com Sent: Sunday, September 5, 2010 23:24:45 Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: agama vs sains? jilid 9 > From: "Remi" <rsyaif...@yahoo.com> > Tah...aya bahan adurenyomkeuneun!:)) > Hawking: Tuhan bukan pencipta semesta Hehehehe ieu mah biasa "panyakit" urang Fisika Teoritis nu sakapeung sok resep "ngajleng' ka lain wilayahna. Kuring mah rumasa belet dina perkara teori fisika teoritis mah, hese kahartina, karasana abstrak, meureun teu boga "sense" sanajan kungsi sakola di jurusan fisika oge. Tapi sigana Hawkin boga pamadegan kitu teh, lain kulantaran ku kacindekan fisika, tapi ku kasang tukang jeung pangalaman pribadi manehna. Teu kabeh ahli fisika (teoritis) jadi atheis. Prof Abus Salam, ahli fisika nu meunang hadiah Nobel, tetep relijius da maneha kasang tukangna saurang Akhamdiah anu soleh. Tapi ari ceuk fisika mah, nu prinsipna ti baheula oge teu robah, kakara diaku lamun bagugna (fisikna) aya, ka deteksi ku panca indera. Tapi lamun teu bisa, kudu bisa kaukur ku alat. Salila teu kaditeksi ku panca indera atawa teu bisa diukur mah, Fisika tetep bakal nganggap EUWEUH. Contona di alam ieu aya sinar nu teu katempo jeung aya sora teu kadenge, tapi sarerea oge yakin ayana da bisa kaukur, malah dimanfaatkeun jadi remote control televisi. Sabalikna sabagian gede manusa percaya ayana alam gaib, tapi ari ceuk fisika mah, euweuh, da teu bisa ka deteksi ku panca indera / alat keur ngabuktikeunana. Memang aya nu "ngarasa" kungsi boga urusan jeung alam gaib (contona papanggih jeung jurig), ngan salila nu sejen teu bisa ngalaman hal nu sarua, tetep moal diaku ku sains mah. Tong boro soal alam gaib, elmuwan nu teorina geus diaku bener oge, satungtung teorina acan bisa dibuktikeun make percobaan/ alat, moal dibere hadiah Nobel. Einstein teu meunang hadiah Nobel kulantaran teori relativistikna nu kasohor sabab keur jaman manehna hirup, acan aya alat keur ngabuktikeunana. Manehna meunang hadiah nobel ti penemuan sejen, bisa nerangkeun efek fotolistrik. Hawking oge teu kungsi meunang Nobel tina teori-teorina. Jadi? Kuring mah tetep kana kacindekan yen agama jeung sains teu bisa "dicampur-adukkeun", prinsip dasarna beda pisan. Lamun dicampur-adukeun ...nya bisa mucunghulkeun kontroversi siga pamadegan Hawking ieu ..... Baktos, WALUYA