Haturan baraya, Kadua perkara, ngeunaan nyusun Strategi Kabudayaan (SK) anu lain pagawean jore-jore. Sabab, teu bisa ukur nepi ka nyusun, bari heunteu jeung prakna. Kang Saini KM dina bukuna, "Krisis Kebudayaan" anu aya kana 2 bulan katukang diseminarkeun, nandeskeun yen ayeuna pamarentah perlu nyieun SK. Sok sanajan telat, da upama nilik ka bangsa Jepang anu ayeuna maju teh diantarana hasil strategi kabudayaaan Restorasi Meiji tea, tapi komo upama heunteu dilaksanakeun, pisakumahaeun teuing ka hareup bangsa urang. Ngan nyakitu tea, antara budayawan, nu palinter (anu parigel mere bongbolongan kana rupa-rupa pasoalan kahirupan), jeung pamarentah teh geuning tetep tacan nyambung. "Koordinasi", bener-bener kecap anu mewah dina kanyataanna.
Buktina bae eta Kang, kuduna mah anu ngariung pikeun nyusun SK (anu ku si kuring digarap kamari ieu disngket: "sk", ku hurup leutik, da can tepi ka SK anu benerna mah) teh para pakar budaya, para pangagung jabar jeung inohong-inohong anu manukna dina widangna sewang-sewangan. Ngariung di hiji patempatan anu suni, teu kaganggu ku naon-naon, satengah bulan tepi ka sabulan mah, terus madungdengkeun "Rencana Stratejik Pembangunan Jabar (pendekatan budaya) 25 tahun ke Depan". Soal beaya ulah jadi halangan, sabab anu rek dipadungdengkeun teh soal nasib umat manusa di Jabar, nyieun hiji rarancang pangwangunan deukeutan budaya, kalawan tujuan utama ngaropea moral tea, jeung nguatkeun jatidiri masyarakat Tatar Sunda/Jawa Barat. Kungsi heunteu anu sarupa kitu dilakonan? Heunteu Kang. Ningali kanyataan anu aya, tetep bae pikiran-pikiran budayawan anu gede perhatian kana soal-soal kabudayaan-hartina soal jatidiri bangsa--sapertos Kang Saini KM, Kang Ayip, Kang Chaedar Alwasilah, Abah Surya, jrrd; ukur aya dina alam implengan masyarakat anu memang aya minat kana buah karya aranjeunna. Anapon Pamarentahan mah sigana heunteu mandang hal eta salaku pikiran-pikiran anu pohara pentingna pikeun memeres kahirupan urang. Kahirupan kabangsaaan-pon kitu keneh masyarakat Sunda-anu saur Kang Saini mah aya dina kaayaan krisis anu pohara, anu lamun heunteu buru-buru dibeberes jeung diubaran sumber panyakitna baris mawa kana kahancuran bangsa urang. Sok sanajan dina pagempungan-pagempungan formal aya pangakuan ti pamarentah kana pentingna kabudayaan, dina praktekna mah tetep bae "sistem anggaran keproyekan" anu ngadominasi. Kukituna, asup akal upama kagiatan nyusun sk teh sacara anggaran kauger ku kaproyekan, atuh teu laluasa ngalibatkeun salobana unsur masyarakat anu ahlina. Nya kaharti atuh upama si kuring anu teu lain ahli dina urusan budaya bisa kapeto mangnuliskeun sk. Dina derna ngagarap sk, pangalaman di kantor salila 2 tahun ieu icikibung dina "proyek cuci piring", tukang ngedit program jeung LAKIP (laporan akuntabilitas kinerja instansi pemerintah), mere sumanget narima tawaran ti Bapeda. Anu dituliskeun lolobana mah "kerangka kinerja penyusunan" jeung panantang sangkan hasil tulisan teh didiskusikeun deui di rengrengan para ahli. Taya lian, si kuring moal ngarawu ku siku-nyanyahoanan dina sagala rupa widang kabudayaan; jeung deuih, sangkan kajadian pagempungan diantara para budayawan jeung pamarentah pikeun ngaringkelkeun SK Tatar Sunda/JAwa Barat. Cag. Baktosna, manAR Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --- In [EMAIL PROTECTED], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ari ceuk kuring mah, kudu dirumuskeun deui anu jelas > strategi kebudayaan pikeun masyarakat/Propinsi Jawa > Barat/Banten, jeung kumaha cara nurunkeunana kana > "berbagai" program anu gampil ditarima ku masarakat. > Baheula Kang Kang Oman (Mama Manar) gawe bareng jeung > BAPPEDA ngusulkeun ka Gubernur Jawa Barat kumaha cara > ngabangun jawa Barat. > > Punten ah! neda tawakup, bilih cariosan kuring di > luhur teu nyambung. Si kuring masih "terobsesi" ku > strategi kabudayaan, anu kapungkur dipadungdengkeun > sareng Kang Oman. > Kamana yeuh Kang Oman? > > mrachmatrawyani > > > --- Iwan H <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Nyuhunkeun tanggapanna kana seratan dihandap ieu > > > > Dari Republika, 20 Oktober 2004 > > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish. > http://promotions.yahoo.com/new_mail --- End forwarded message --- PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Do you Yahoo!? Yahoo! Mail � CNET Editors' Choice 2004. Tell them what you think. [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
