Satuju..... , mangga lajengkeun ngimpena wa,
Pangalaman nganteur pun anak diajar bahasa deungeun,
nganggo audiovisual langkung lancar, tibatan ngan saukur diterangkeun wungkul
ku guruna.
Kang Hasan, Ua Sas mangga teraskeun kanggo generasi penerus ulah siga Abdi
ayeuna, cicing di luar nagreg ari basa mang Bush na pas- pasan, kumaha tuda
jaman baheula oge peunteun bahasa Inggrismah genep oge meunang di Her tea, anu
gaya mah ti baheula bahasa Sunda dalapan.
jaman beuki robah bahasa sunda tetep kudu dipulasara, kuring tetep cerewed make
bahasa sunda, barudak dirorompok diwajibkeun nganggo bahasa sunda, kudu apal
do'a anu make bahasa sunda, barudak awewe wajib bisa nari sunda, barudak lalaki
kudu bisa nyuling jeung nakol kendang ( bari ngalagu tangtuna oge ), Jeun
teuing disebut kampungan oge paduli anu peunting kuring atoh naker jadi urang
sunda .
Ua ngimpena tambihan, pas der bubuka eta siaran SJBS ku kongkorongok hayam
jago, teras sora suling...... Uluk salam ku Do'a, der........ ngalalakon,
ketrukeun sagala kamonesan urang sunda.......panutup sora jangkrik ..... duh
mugia sing kacumponan ngimpi jadi kanyataan ulah gugah heula ua. mangga ebog
sing tibra. haarrr.......
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ua sas, kuring moal langsung mairan kana impenan
salira. ngan rek wakca aya saeutik pamanggih nu
kalaman ku kuring. nyaeta perkara ngamangpaatkeun
media. media naon bae, boh media tulis/citak,
audio/video, oge elektronik, atawa media impian.
hiji mangsa kuring ulubiung dina program gawe bareng
nu dikokolakeun ku bangsa deungeun jeung bangsa urang.
nyaeta program keur ngaronjatkeun diajar basa
deungeun. naon anu matak pikir teh, perkara bangsa
deungeun ngamangpaatkeun media. kasimpulanana manehna
sakitu optimalna ngamangpaatkeun media pikeun
ngahontal hiji maksud.
contona, misalna dina perkara nyadiakeun bahan pikeun
diajar bangsa deungeun. bahan diajar citakan anu wujud
buku, geuning kacida "bervariasina", ti mimiti kamus,
grammar, conto percakapan, jeung sajabana. kitu deui
bahan diajar nu ngamangpaatkeun bahan audio, saperti
kaset. keur ngalatih pangreungeu, geuning ku si eta
mah sagala direkam, ti mimiti sora reketna panto,
kiriningna telepon, nepi sora sasatoan sabangsa
jangkrik, bangkong, hayoh dikotektak.
kitu deui media elektronik, jiga nu kasaksian ku urang
sarerea. upama urang hayang diajar, naon wae, ti
mimiti nu saintifik nepi ka anu mistik nyampak di
internet.
tah ayeuna upama urang nilik kaayaan urang sorangan,
jigana rada hese rek ngudagna. upama aya nu hayang
diajar basa sunda, misalna, jigana sumberna anu
mangrupa buku bisa diitung ku ramo. kitu deui media
audio, salila ieu ngan karek dimangpaatkeun keur
ngarekam jaipongan, wayang golek, jeung sajabana.
asana rada hese upama milarian kaset pikeun diajar
basa sunda. misalna ari sora 'e' jeung 'eu' teh kumaha
bedana.
tah kukituna, jigana eta impian ua sas teh mening oge
geura wujudkeun. urang mangpaatkeun media internet,
radio, sareng sajabana saoptimalna pikeun ngamekarkeun
budaya sunda. wallahua'lam.
salam,
mh
--- MSasmita wrote:
> Bareto, aya meureun kana dua taun kaliwat mah,
> kuring kungsi ngimpi,
> hayang boga USTV jeung Radio Urang Sunda, sigana eta
> impian teh keur
> saheulananan mah moal waka tinekanan, masih keneh
> aya dina impian, kaci
> pan...da ngimpi mah teu mayar ieuh...jeung deuih
> euweuh undang undangna
> nagara ngalarang ngimpi.
> Ngan lamun erek ge sigana bisa ngaliwatan Radio
> Komunitas, Radio Komunitas
> bisa make frekwensi antara 107,7 MHz nepi ka 107,9
> MHz, slotna saeutik, jadi
> lamun rek ngamimitian teh kudu buru buru, bisi
> kaburu dipake batur di lokasi
> deukeut urang, nu can kapaluruh teh kakuatan/ daya
> pancarna sabaraha, lamun
> nilik kana jangkauanana (ceuk cenah) nu ngan ukur
> radius 2,5 km mah moal
> leuwih ti 1 watt.
> Lamun kuring ngimpi deui, ngimpi anu biasa we lah
> lain ngimpi anu rohaka
> atawa jugala, nyaeta hayang boga Radio Komunitas,
> ieu Radio teh rek disebut
> Radio SJBS, Radio Sastra Jeung Budaya Sunda.
> Eusina nyaeta lagu lagu Sunda, Carpon Sunda, Novel
> Sunda, Pantun, Wawacan,
> jeung.......tangtu we apresiasi-na.
> Baraya...kuring tong waka
> dihudangkeunnya....ngimpina can anggeus
> yeuh....!!
>
> MSasmita
>
>
>
>
>
=====
bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/
__________________________________
Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! - Try it today!
http://my.yahoo.com
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
---------------------------------
Do you Yahoo!?
All your favorites on one personal page � Try My Yahoo!
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/