Rampes Kang Engkus, hormateun sim kuring,
Mugi heunteu janten galih manah, dina danget ieu sim kuring moal kapapanjangan
nya mairan. Perkawis bebeneran atawa kasolehan dina larapan agama, bawiraos
tiasa tina agama atawa budaya naon bae sungapanana. Anu penting dina danget
ieu, satemenna anu penting ti baheula tug dugi ka akhir jaman, taya lian ti
nyepeng agama anu cilik putih-clak herang tea. Pikeun manjangkeun padungdengan
anu Insya Alloh baris ageung manfaatna, luyu kana jejes ngalarapkeun agama anu
clik putih-clak herang tea, sumangga ieu aya artikel ti Kang Jalal sakumaha
tiasa kailo dina alamat ieu:
http://www.muthahhari.or.id/community/articles.asp?id=9
Bawiraos, eusining eta seratan pakait dalit sareng naon rupi jejer paguneman
urang ayeuna.
Baktos,
manAR
engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun, kang Oman haturan sim kuring pun engkus.
Kacida nganuhunkeunnana kana eta pedaran akang, karaos
sareng nampi sim kuring nambihan kanyaho ti
pedaran-pedaran akang, namung punten sim kuring hoyong
oge ngiring mairan, hapunten bilih teu sapuk.
Tah Dina pedaran nu dibahas ku akang geuning
netelakeun yen Sunda-Islam mah ngagaduhan sifat
atanapi karakter nu mibanda kaluhungan nilai-nilai
atanapi ajen tinajen, bukti ku kajembarannana nu
mangrupakeun salah sahiji wujud konsep mandala nu
tangtu luyu jeung sifat kamanusaan. Kitu diantarana nu
kaharti ku sim kuring. Tah upama nitenan kana harti
eta tulisan eta oge tanggapan/bahasan akang, ceuk sim
kuring nyata geuning yen nu mawa sifat/karakter luhur
kitu teh estu buah tina kasundaannana sanes tina
kaislamannana, da buktina geuning ku akang dijelaskeun
ti jaman luluhur baheula memeh Islam datang ka
pasundan (conto ti kang Oman di patilasan Talaga),
geuning agama Budha ditarima, pon kitu deui agama
Hindu, Islam, Kristen. Geuning can aya panalungtikan
nu nyindekeun luluhur Sunda baheula nolak/ngusir
sumawonna merangan agama nu datang ka wewengkon Sunda,
tapi sabalikna geuning runtagna Pajajaran jeung Galuh
akibat diserangna ku Banten jeung ku Cirebon (eta ceuk
sajarah). Kitu deui di waktu kiwari nu ngabogaan
sifat-sifat luhur kitu teh geuning dipibanda ku dulur
urang kisunda nu non Islam saperti di Dusun Susuru
(Ciamis), masarakat Cigugur, masarakat Lebak Cawene,
masarakat adat Ciptagelar, masarakat adat gunung
Halimun, masarakat Kanekes jeung sajabana, sedengkeun
karakter masarakat Islam etnik lainna, boh nu aya di
wewengkon Nusantara lainna pon kitu deui nu di
sumberna wewengkon Arab, nyata aya perbedaan nu nyata.
Tah ku kituna ceuk bawirasa kuring, sawajarna lamun
urang sunda miajen jeung ngamumule luluhurna, supaya
urang Sunda boga ajen jeung teu katulah, da geus bukti
kaluhungan jeung kaluhuran budi pangarti warisan
luluhur nu geus jadi adat paradatan Sunda (naon bae
agemannana) geuning mangrupakeun nilai-nilai nu
diperlukeun pikeun ngawangun jeung ngahudangkeun deui
bangsa jeung nagara sangkan boga deui ajen-tinajenan,
ku kituna ka dulur0dulur kisunda poma ulah salah nya
nyanghareup jeung tumarima (kitu oge ceuk kuring).
Hayu urang suhun deui Kasundaan, rek ku saha deui
diajenan lamun lain ku urang nu jadi wawarisna.
Sakitu pairan ti sim kuring, bilih langkung saur bahe
carekna, nya nyuhunkeun dihampura rumasa teu acan jadi
jalma bener, nuju diajar keneh. Atuh ka Kang Maman
soal budak janggotan, mangga titenan pamendak sim
kuring dina Re : Uga Wangsit Siliwangi, kaping
11/08-2004, mangga sareng sae upami dipadungdengkeun
deui.
Amit sun nun, rampes
pun engkus
--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
---------------------------------
Yahoo! Groups Links
To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/