--- In [email protected], "Asep Dedi Suhendra" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> -Kang Oman...,langkung tipayun bade nepangkeun heula bilih hilap 
> deui abdi wasta Asep Oeking  kawit ti ciwaruga-Bandung sareng... 
duh 
> nembean terang abdimah yen urang sundateh kagungan keris oge 
gening, 
> manawi teh kerismah kagungan urang wetan bae manawi,... muhun abdi 
> engke upami tos salse  bade nyuhunkeun dianteur hoyong ninggal eta 
> keris.
> 
> Kang.., rerencangan pun bapak kapercanten kanggo ngariksa 
sababaraha 
> jenis kujang saurnamah tilas cecepangan ti pajajaran kapungkur 
duka 
> leres duka henteu, abdi parantos ninggal kuanjeun memang benten 
> pisan tinu senjata sanesna anu kengen nempa, ari kujang ieumah 
> sapertos besi gelempengan, ngan hilapdeui etateh perak atanapi 
sanes 
> ayana diwewengkon ciparay, kaleresan anjeuna tokoh di Gedong 
> Pasewakan Penghayat Aliran kebhatinan perjalanan.
> 
> Sareng abdi aya kapanasaran, manawi kang Oman terang upami Uga 
> Wangsit siliwangi sumber cetakan anu aslina aya dina buku atanapi 
> kitab naon...??? punten janten celembeng.
> 
> 
> Baktos
> 
> 
> 
> Asep Oeking
> 
> 
> -- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
> wrote:
> > 
> > --- In [email protected], "Oman Abdurahman" 
> > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > Ti heula teh aya nalek soal kujang jeung keris dina budaya 
Sunda. 
> > Mangga ieu kahaturkeun aya seratan ngeunaan kujang di kisunda: 
> > http://www.sundanet.com/artikel.php?id=231
> > 
> > Eusi tulisan teh ngandelan carita lisan sepuh ti Panaruban. Yen 
> > cenah kujang teh asal muasalna mangrupa pakakas pangleler ti 
raja 
> ka 
> > rahayatna anu ngabogaan jasa ka karajaan/nagara. Nya upama 
ayeuna 
> > mah sarupa hadiah "upakarti" atawa "kalpataru" tea anu 
dilelerkeun 
> > ku pamarentah ka anggota masyarakat anu boga saja dina widang 
> > ekonomi/industri jeung lingkungan.
> > 
> > Ari keris, masih ceuk carita sepuh anu di luhur, cenah aslina 
teh 
> > pakarang komara karajaan Sunda. Nya tangtu anu mimiti nyieun na 
> teh 
> > Urang Sunda. Ngan sanggeus perang bubat, sawaktu keris Nagasasra 
> > awewena karebut ku Gajah Mada, nya urang wetan teh nariron 
> nyarieun 
> > keris sarupa Nagasasra. Sakumaha dina beja ti heula, bisa bae 
> nyieun 
> > keris teh dikhususkeun keur urang Jawa bae, tepi ka di Sunda 
> budaya 
> > (nyieun) keris ilang.
> > 
> > Dina salah sahiji buku ngeunaan keris, tulisan salah saurang 
seler 
> > karaton Solo-Yogya, disebutkeun, yen keris Nagasasra mimiti 
> dijieun 
> > Jaman Pajajaran, mangsa rajana Ciungwanara. Ieu informasi teh 
rada 
> > salah dina lebah Pajajaran anu heunteu acan ngadeg dina jaman 
> > Ciungwanara. Ngan upama Ciungwanara anu jadi patokan, keris teh 
> > geuningan geus aya di budaya Sunda ti mimiti abad 7-8 M.
> > 
> > Aya anu nguatkeun kacindekan di luhur. Kahiji, motif hiasan naga 
> > dina keris Nagasasra, aya bungkeuleukan 3 dimensina, nyaeta di 
> > lawang (gapura) pajaratan Nusa Pakel, Situ Lengkong Panjalu. Anu 
> > kantos zaroh ka makom Sanghiyang Wastukancana di Situ Lengkong, 
> > Panjalu, tangtu kungsi mireungeuh patung naga sapasang dina 
> luhureun 
> > gapura ka eta pajaratan, kenca katuhu.
> > 
> > Kadua, dina mangsa Raja Ciungwanara, memang mimiti digunakeun 
> > kecap "naga" dina ngaran tokoh atawa pakakas tug tepi ka 
> sababaraha 
> > waktu kadieunakeun. Upamana, ambuna Ciungwanara teh katelah 
> > Naganingrum tea. Tuluy aya oge jenengan raja teureuh Panjalu anu 
> > katelah Nagaruncing. Ngaran anu akhir oge jadi ngaran hiji keris 
> > (ramana salah sawios anggota Kusnet mibanda eta keris).
> > 
> > Katiluna, upamana ngilikan bungkeuleukan (foto-foto) keris anu 
> > disebut Nagasasra dina buku ngeunaan keris anu disebut di luhur 
> > (Nogososro), tetelah jauh pisan kaendahanana jeung 
> kaproporsialanana 
> > antara keris Nagasasra versi Sunda jeung keris Nogososro versi 
> > wetan. Anu di Sunda, sakumaha bisa kasaksian salah sahiji versi 
> > Nagasasra anu aya di sepuh di Panaruban (keris lalakina), kacida 
> > proporsialna. Boh wangun naga ti mimiti hulu tepi ka sukuna 
atawa 
> > hiasan sejenna jeung sarangkana. Anu ti wetan mah umumna teu 
> > proporsial. Aya anu lintuh teuing beuteungna, atawa teu ngarupa 
> dina 
> > huluna, jst dina lebah wangun hiasan nagana teh.
> > 
> > Kaopat, dina hiji waktu, nyoreang Presiden Gus Dur arek turun 
tina 
> > korsi kapresiden, hiji tabloid ibukota mintonkeun foto Gus Dur 
> keur 
> > nyekel keris. Eta keris diakuna salaku keris Nogososro. Tapi, 
> > nyakitu, jauh pisan bedana atawa kaendahan jeung 
> kaproporsionalanana 
> > eta keris anu diaku ku Gus Dur salaku Nogososro jeung keris 
salah 
> > sahiji keris Nagasasra anu aya di salah saurang sepuh US di 
Tatar 
> > Sunda. Nyatana di sepuh anu di Panaruban tea. Ka kadang wargi 
anu 
> > aya maksud hoyong ningali salah sahiji keris Nagasasra versi 
> Sunda, 
> > mangga Insya Alloh si kuring tiasa nganteur. Ka Panaruban tea, 
> > sakalian ningalian curug Cimuja, Curug Karembong, jsb di eta 
> > wewengkon anu relatif masih asri.
> > 
> > Baktos,
> > manAR
> > --- End forwarded message ---





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke