>
>
>
> On Wednesday, January 19, 2005, at 12:49  PM, sastranegara wrote:
>
>> Kanpayuneun kang Sikandar,
>> abdi bade tumaros sareng kasaha bae anu tiasa ngajelaskeun  kaasrian 
>> eta "manuskrip", nya eta HA NA CA RAKA DA TA SA WA LA, upami US 
>> ngagugat eta buktos memang ayana tina manucrip.
>> Ceunahmah anu ahli nalusuran eta abjat asli sunda tos aya sa teu acan 
>> urang India anu hindu dongkap ka tanah urang sunda,
>> bahkan maranehna niru eta nagara Thailand, Burma, Vietnam sareng 
>> India. Tangtos urang wetan ibarat keris Nagasasra janten Nogososro,
>> Ieu buktos dianalisa ku para ahli arkeolgis sadunia eta ayana nami 
>> TANAH SUNDA  tos aya sateucan kaum pendatang ti Arab, urang bule 
>> Walanda/Porugis, Inggris, urang Cina, Africa ka tanah sunda. Cobian 
>> geura /pilarian di perpustakaan  ieu pangarang buku judulna "EDEN THE 
>> in EAST" <560 halaman karangan> STHEPEN OPPENHEIMER. Eta urang sunda 
>> tos ngabuktoskeun pangaruhna ka nagara-nagara India, Cina, jeung 
>> Southeast Asia. Contohna NAGA asal sunda aya di India, GARUDA oge aya 
>> di India sami bahasana, Ceunahmah orang India sareng nagara lain 
>> sakola ka tanah sunda teras uih deui kanagrina. Eta buktos sateuacan 
>> aya archepelogo (kapulauwan) nyaeta anu di sebat kontinental (tanah 
>> sunah)  15 000 BC
>> Jaman baheula teu aya jalmi anu beriklim tropis dongkap ka nagara 
>> beriklim salju minus 33 darajat kacuali teh Nenen ayeuna (punten TEH) 
>> di Kanada.Kasimpulam urang anu seueur cuaca tiis dongkap kanu cuaca 
>> panas, tah ieu dibuktoskeun ku para ahli arkelogis kitu para saderek.
>> Buktos anu nguatkeun nyaeta manuskrip tina batu saparantos muncul 
>> kapulauan, da kontinental (tanah sunda Ka KEUEUM KU CAI ribuan 
>> tahun). Eta buku nyebatkeun  ilmu perkapalan nu mimiti ayana di tanah 
>> sunda teras ditiru ku urang Agypt Arab-Arab ayeuna.
>> Tingali geura 3000 BC di Agypt cara /tradisi/adat ngukus raja Arab di 
>> Piramid sami jeung cara ngukus ngango menyan orang sunda, nganggo 
>> menyan, dupa, sareng sagala buah-buahan, tantangkalan kanggo nyambat 
>> NU MAHA KUASA. Janten urang sunda sateuacan dikeueum cai atos gaduh 
>> budaya anu luhur eta anu disebat di Garut GEMAH RIPAH, SILAH ASAH, 
>> SILAH ASUH, TATATENTREM ceuk eta buku paling makmur sadunia.URANG 
>> SUNDA teu aya istilah  bahasa PENJARA, KORUPSI da kumaha da atos 
>> makmur tanahna sareng budayana. Anu tos janten eta bahasa korupsi 
>> sareng panjara saparantos urang pendatang anu ngadu hirup ditanah 
>> sunda teras NGAJAJAH US.
>>
>> Tah sakitu wae Akang Rahman NL, abdi atos 3 x ka nagara BALANDA engke 
>> upami salse urang ngobrol seni penca sareng lukisan, abdi
>> gaduh pangalaman ngademel patung sareng lukisan di Manhatten 46 ST 5 
>> AV  jeung kontraktor urang Jepang, sa gedung  5 tingkat abdi
>> ngarekayasa kanggo daerah komersil area di New York City.
>>
>> Anu teu ka sebat namina Akang-akang / Euceu-eceu batur sabaraya puten 
>> wae nya, da Akang Yan mah pihampuraeun.
>>
>> Baktos
>> Yan
>>
>> On Wednesday, January 19, 2005, at 01:09  AM, kumincir wrote:
>>
>>>
>>> Kang Yayan pernah ulin ka Garut teu? Di Garut, utamana di wewengkon
>>> kotana, aya jalan-jalan nu dingaranan jalma2 nu (meureun) aya dina
>>> sajarah Tatar Sunda, utamana nu patali jeung wewengkon Garut, 
>>> kayaning
>>> Rangga Lawe, Panji Wulung, Siliwangi, jeung Kiansantang. Oge bale
>>> paminton nu dingaranan "Inten Dewata". Loba di antara ngaran2 eta nu
>>> kapanggih dina wawacan atawa carita sasakala, nu meureun bener
>>> henteuna eta carita perlu deui diverifikasi/dibuktikeun. Mun teu bisa
>>> kabuktikeun, jigana teu salah mun Garut disebut Nagri Dongeng... hehe
>>>
>>> Ngeunaan jujuluk Kota Intan jeung Inten Dewata jigana teu aya
>>> patalina. Nu kahiji mah mun teu salah jujuluk nu dipasihkeun ka Kota
>>> Garut salaku ringkesan tina "INdah Tertib Aman dan Nyaman", ari nu
>>> hiji deui mah sakumaha nu kacatru dina carita Gunung Guntur...
>>>
>>>
>>> On Wed, 19 Jan 2005 04:33:48 +0000 (GMT), Yayan Mulyana
>>> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>>>
>>>> Sajarah sok pabeulit ku Lagenda, Babad , sareng Mitos.
>>>> Mun urang naratas kasajarah sunda, kunaon sok pabeulit jeung 
>>>> legenda,babad,
>>>> atawa mitos. Hal ieu teh kusabab seur panafsiran sajarah sareng 
>>>> kirang na
>>>> manuscript-manuscript kasajarahan nu utamina mah tatar Sunda. 
>>>> Sapertos nu
>>>> aya di bogor, contona batu tulis. Tah tinu batu tulis teh didinya 
>>>> aya
>>>> seratan ngeunaan rasa hormatna ti anak ka bapa nyaeta Surawisesa ti 
>>>> abad ka
>>>> 18. Batu tulis teh teu tela isina teh ngeunaan kamakmuran pajajaran 
>>>> keur di
>>>> pimpin ku Sri Baduga Maharaja. Tah  eta tulisan teh apanan diserat 
>>>> tinu batu
>>>> anu teuas, ceuk sawatara jelema mah eta seratan teh ditulisna make 
>>>> elmu,
>>>> saking ku sakti-saktina jelema jaman baheula. Teras di payuneun 
>>>> batu tulis
>>>> aya tapak suku nu beulah katuhu, cek sawatara jelema oge eta tapak 
>>>> teh
>>>> dijieun ku jelma nu sakti. Tah saur Pak Inochi Hayatullah, ahli 
>>>> tinu widang
>>>> kapustakaan LIPI basa ngobrol sareng anjuenna, sadaya eta cariosan 
>>>> teh
>>>> leupat. Da kapungkur teh tos aya rahayat nu palalinter malihan tos 
>>>> aya nu
>>>> disakolakeun dugi ka India, tah eta seuratan teh nganggo metode 
>>>> duka kumaha
>>>> carana, lajeung ngeunaan tapak suku dipayunen batu tulis na oge 
>>>> nandakeun
>>>> eta teh mun ceuk urang tea mah tanda-tangan. Tah ngeunaan batu 
>>>> tulis saur
>>>> kuncen nujagana teh sok aya jelema anu hoyong naek pangkat sok jol 
>>>> kadinya
>>>> bari nyeupeungan batu lingga, ceuk sawatara jaleuma mah saha anu 
>>>> bisa
>>>> nyeupengan eta lingga bakal naek pangkatna (naha urang percaya kanu 
>>>> hal
>>>> kitu).
>>>
>>> -- 
>>> sikandar
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>> Please visit
>> http://www.silatbooks.com/
>> http://www.silatpdusa.com/
>> Please write
>> [EMAIL PROTECTED]
>> [EMAIL PROTECTED]






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke