Upami ngabandungan lalakona Te neny Yunus sareng kang
Yan Sastra, tetela geuning US teh lampar ambahanana.
Jeung deuih eta, modalna teh bari mamawa kaseniana
Sunda.
Jadi ras inget jaman baheula dina Majalah Mangle (taun
70 an asana teh), aya tulisan, pangalaman Uwa Enoch
Atmadibrata (masih aya kitu?) anu mawa misi kasenian
Sunda ka Jepun. Kusabab kuring keur SD teu aya
pikiran, yen kasenian teh bisa jadi "rancatan" (alat)
komunikasi, pan malahan mah sok aya kacapangan misi
kasenian Indonesia jadi duta bangsa ka festival... di
luar nagri.
Ayeuna oge kitu. Para mahasiswa UI sok ngalawat ka
nagri deungeun, make "rancatan" misi kasenian tea.
Malahan mah aya paribasa, mun hayang haratis
jalan-jalan ka nagri deungeun, ngiluan unit kegiatan 
kasenian wae. Tapi ti saprak taun 90 an, para
mahasiswa anu ka luar negri rada hese, sabab visa,
paspor jeung tetek bengekna ditanggung mahasiswa. Eta
oge aya anu ditanggung pihak universitas, tapi teu
siga jaman taun 80 - 90 an. Para sponsor oge, biasana
sok leuwih ngaheulakeun acara anu nguntungkeun
pemasaran produkna.
Sigana pamarentah katut para pamingpina sadar, salah
sahiji kaunggulan Indonesia teh dina aneka kasenian
jeung budayana. Tapi ari kudu ngaluarkeun beaya jang
kagiatan eta, sok rada pelit.

Ari ceuk kuring mah pangalaman  teh Nenny jeung kang
Yan, bisa jadi pangrojong keur US anu aya di lemah
cai, supaya barudak urang diwanohkeun kana budaya
jeung kasenian Sunda ti leuleutik.

Hatur nuhun Teh Nenny sareng Kang Yan, mangga ah
pedarkeun deui pangalamanana salami di nagri deungeun.
Langkung sae upama pangalaman kang Yan sareng Teh
Nenny "dilebetkeun" ka majalah Cupumanik.


baktosna,

mrachmatrawyani

--- nenny yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>  
> model dinu widang seni, di bandungmah ngan padepokan
> Angklung aki Ujo wungkul panginten 
> anu di sarada teh, cobi di Houston di Collien
> elementry pan angklung teh pelajaran kesenian wajib
> kanggo kelas achir. bilih baraya hoyong uninga
> timana kenging peralatananna, ti Prancis jaman Uwa ,
> muhun jiganamah buatan aki ujo, ngan anu ngintun
> masyarakat 
> Prancis.Rereongan.abdi anu ngajar ibu-bapa guru
> kesenian, guru sa houston angklung, dimana kabisa
> ieu diturunkeun ku pun biang ti jaman abdi di SDN
> cimahi 2 , SMPN I jaman sok mentas di hotel homan
> ngabageakeun turis asing, di Homan ti taun 1973
> baheula,
>  
> Hiji deui abdi sok ngiringan ngalatih nari klasik
> tarian sunda, timana abdi kenging kaset, cd Mp3
> musik tradisionil asli made in urang sunda, apan ti
> ditu ti Ensgede nergri Walanda ti sukarelawan
> walanda pituin, anu kaleresan murangkalihna hoyong
> diajar nari sunda ngahaja,
> dikintun ku ibu ramana, mondok di rorompok kenging
> sababaraha lami, tos hatam sabisa-bisa abdi maparin
> elmu. 


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
All your favorites on one personal page � Try My Yahoo!
http://my.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke