Juag Nenny........anu bageur di pangumbaraan, Geura der atuh tuliskeun pangalaman teh, eta geuning sakitu mucekilna. Enya sapuk ka Kang Rachmat, ku seni teh geuning hirup jadi leuwih motekar jeung lega ambahan. Sigana alatan kamampuhan seni dina ngalemesan budi jeung nyeukeutkeun otak palih katuhu tea, kitu. Mangga diantos pangalaman sanesna, kalintang baris mawa manfaatna keur anu di lembur. Baktos, manAR
nenny yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote: tah barudak anu ku abdi dibekel harita ayeuna geus jaradi jelema sok susuratan sok e- mail-e-mailan, aya anu jadi kepala rumah sakit AU, aya anu jadi penyanyi trio anu kahot ( moal dibejaan US ),malahan aya anu ngadamel padepokan seni, aya anu jadi camat di pulo lain, oge aya anu jadi pengusaha ngan can kadenge aya pagawe pamarentah mislek sugan.... peuriheun meureun basa di Melborn ngan di huapan bala-bala jeung sangu haneut ku teh Nenny. sakali basa rek mulang dihuapan nasi rames barudak teh pedah aya teh euis Katineung Rasa Rumah makan totogan padalarang. ki lanceuk. tah kang... ti handap ti kekesed kang, karak ka panto laju ka korsi tamu eta oge upami dihaturanan linggih ku pribumi....cag punten ach nurutan kang oman bisi diolabkeun kabeh. Teh Nenny. Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Aduuhh....ulah kitu atuh teh badi jadi isin. Sae conto nu diserat ku teteh teh. Mung masalah diurang asana mah ngawitanana ti pangawasa nu kumaha atuh disebat teu ngelmu da piraku, teu concern? pan dina mass media mah nyawakwak wae tumali masalah lingkungan. Sigana mah nu kirang teh niat jeung ngejat ngalakonkeunana plus "kerendahan hati" (handap asor). Pangawasa teh siga nu ngagedekeun kakawasaan jeung gengsi pribadi. Eta we gupernur DKI - Jabar - Banten da henteu aya diuk babarengan. Masih NATO tea, no action talk only. salam tirta nenny yunus wrote: Aduh bapa... hapunten anu kasuhun, nepangkeun abdi wasta nenny kawit ti cimahi, kieu pak kapameng bapa naros manawi ieumah . sateuacana hapunten sanes bade mapatahan ka maha guru ieu murid, sanes bade mapatahan ngapung ka manuk, duuh ararisin teuing abdi bade ngadongeng pangalaman di lembur bush mugi tiasa janten conto kanggo lembur urang, ameh kang Tirta, kang Oman, oge US anu mikanyaah lembur sangkan hoyong katingal hejo lembong, sanajan bari juljol fasilitas wisata utamina di babakan / di wewengkon kebon enteh jsb di houston ieu seueur taman anu serba guna , kanggo, taman kota, kanggo resapan air, kanggo lahan perkemahan, kanggo wisata air, kanggo ngembangkeun iptek sareng anu sanesna. Hiji anu ku abdi di special diperhatoskeun, nyaeta kawasan wisata alam anu teu ngarobih infra struktur lingkungan , teu kaganggu ngocorna susukan atanapi tatangkalan (leuweung), kebon ku munculna bangunan di sakurilingan sepertos, pom bensin, mini market, perumahan atanapi resort, oge hotel Khas, dimana sanajan aya hotel gigireunana aya tatangkalan anu tetep dipertahankeun kaasliananna, tanah savana atanapi hutan bakau masih tetep satungtung deleu, tempat parkir sisi situ, teu ngarobih jadi diaspalan sadaya jukutna, cekap ku tanah padat atanapi aspal sakedik kanggo tanda wungkul malahan lankung seueur di tandaan ku bata beureum saeutik aya meja jeng korsina sagede meja makan ageung tiap 10 meter, kanggo niis oge, tiap sakilo aya taman bermain, ayun-ayunan tina kai sareng rante beusi paranti calikna tina ban tilas siga di lembur. LIstih sapapanjang jalan malahan kanggo ngecas batree Hp aya cocolokna tiap dua kilo. fasilitas MCK di sakurilingna permanen lengkap sareng cai haneutna.lengkep sareng pembuangan limbahna, bari ngajajar wadah runtah badag tina beusi anu moal ngabauan sakurilingna. gigirna aya ruangan terbuka paranti ngiuhan , sareng paranti solat mangfaat kanggo abdimah. Salain ti eta Warung, cafe atanapi supermarket sisi leuweung buatan, estu teu hawek lahan, cekap ku tempat alit, sagala aya, warnet, wartel, warung kerajinan tangan, oge super market mini ti alat mancing, langlayangan, topi jeung kerajinan tangan aya kumplit, boboko ata napi suluh kumplit tos diplastikan, oge es batu sareng kueh kering rupa2 khas nagara2 sadunia aya, upami di lembur urangmah warung bajigur sareng baso pantes pa, ngan pengelolaannya mirip supermarket mini.tah bagean ahli pemasaran, patani di sekitarna anteng pepelakan, atanapi sasaton ti anu alit dugi kanu ageung aya malahan aya hiji taman buaya anu bakal katonton ku mata bolotot oge. buaya teu di upah apeh cukup sisi situna di pageuran beusi, lamun di lembur urang tiasa ku tangkal samapeu.panginten. ngalieuk ka tempat camping masang tenda tiap kapling ditandaan ku bata beureum di kotak-kotak sa cekapna kanggo sa tenda atanapi langkung, teu hilap aya beusi buleus anu didamel paranti mirun seuneu atanapi api unggun atuh sadaya anu bade caremping bisa bebas didinya, gigireun 4 meter ti eta paranti api unggun aya di tiap capling aya bangku meja beusi atanapi kai. lumayan memanfaatkan tukang kai anu teu laku2 di lembur da seuseur exsport mebel luar negri.oge aya anu maparin fasilitas instalasi kanggo elektronik upami anu camping modermah. upai anu tradisionil cekap kotak atanapi tempat sareng bangu oge paranti mirun seuneu Tiap 25-50 kapling hiji fasilitas MCK hiji toko mini tea.oge hiji taman bermain. boh situ boh susukan atanapi kamalir diantep asri jiga di lembur sina didieumah dipelakan blu beri sareng murbay. panginten di lemburmah tiasa ku laja, koneng, jakhe, sareng cikur atanapi ganas, atanapi taleus atanapi tangkal sampeu. kanggo informasi bae sakilo laja , koneng, atanapi jahe teh di houston pangaosna $15 ( lima belas dollar) rata-rata. pan sae pa kanggo patani lembur eksport kadieu. atuh murbay, tiasadigentos ku tangkal seureuh , informasi deui bae tangkal seureuh thailan di dieu dauna kaical $ 10- 15 satengah kilo. ($ 30 ) perkilo jahe balatak oge koneng , ngan cikurmah teu aya ari sanes anu melakmah, dimana ayana oge sa Houtonmah milari ka buruan rorompok .abdi disebat tukang cikur ku ibu2 warga masyarakat indonesia ieu, abdi kantos nyandak satengah koper 10 kilo ka dieu alhamdullilah di pabean teu dikukumaha.ayeuna janten hidroponik di lembur houston pa. bapa anu ku abdi dipihormat, sakitu heula anu kapihatur, mung bilih aya seseratan anu lepat hapunten anu kasuhun sadayana ti abdi jalmi, upami aya anu manfaat mangga sadayana ti alloh anu maparin. Salam baktos pun nenny [EMAIL PROTECTED]> wrote: Hayu urang kumahakeun atuh di lembur urang. AS ----- Original Message ----- From: "nenny yunus" To: Sent: Tuesday, February 01, 2005 11:13 PM Subject: Re: Haturang Kang Ade-->Re: [kisunda] Re: Welcome to kisunda > > Alhamdullilah kang nuju aya dina kawilujeungan, sok kang tong sakolebat > atuh nyeratna, satelebug, ameh pinuh koropak abdi....antengmacaan Kisunda > sadar-sadar har kuring geus diawang-awang... ngalamun mun seug kamari > ngiring meureun pendak sareng teh Tienka. > Pokona lamun nepi ka lembur kang oman kedah ngajak abdi ka Panaruban, rek > reuni jeung alam buhun, > > Kang ari di nagara Baturmah leuweung, susukan dijieun jang kawasan wisata > ari diurang mah di hollywoodkeun nya di jieun siga pilem, Amerika, eropah > dijieun bangunan siga studio Universal sagala tatangkalan anu hejo > mongkleng teh salin rupa jadi filem anu nyata, resort sing pucunghul luhur > leuweung, boa-boa enya ceuk si jalu bener kalaman ku anak incu turunan > urang jaga naros kieu : ... ambu... anu jiga kumaha gunung hejo teh, > ...anu jiga kumaha kebon enteh teh...., ari huma anu mana, ari sawah jiga > naon.........susukan herang siga .. kumaha..... hag boa boa ganas oge moal > aya kebon - kebona acan Kang....aya oge paling, "made in" Japan atawa > thailand .cag ah karunya lembur, bisi hing............jararauh panineungan > seug kajadian.Wallohu alam. > > Nenny > > > Tirta widjaja wrote: > Teh Nenny kumaha damang? Muhun teh sim kuring teh sakolebat-sakolebat. > Kamari-kamari teh pakepuk pisan da eta diudag-udag program 100 poe nu teu > jauh ti model 1001 malam tea. Lieur jeung kalieuran ku polah jelema, nya > saptu kamari ka Panaruban, diajak niis ku Kang Oman. Resep lah diditu teh > dahar ge mani rewog, nambah 3-4 kali na padahal mah menu biasa daun > sampeu, goreng lauk, tahu jeung sambel, mandi atuh di susukan nu tiis > herang caina keur mah cai ti curugan. Menu istimewana nya eta ningal keris > nagasasra Raja Padjadjaran. > > Nu jadi pikiran sim kuring mah eta bet di tengah kebon enteh na blek teh > aya Lembang Highland Resort, ditulis gede-gede model Holliwood dina cadas > di LA. Ari wangunan resort teh model-model Itali. Harita mah leng we eta > pipikiran...enya pan biasana ari ngaliwatan kebon teh sok cicing ngahuleng > anteng bari tetempoan mah seger ku hejona daun. Ayeuna geus blek we rek > di"Puncak"eun. Subang -Lembang asana moal lila deui dihakan ku ekonomi > kapitalis. Ari urang dinya kumaha? Asana mah tetep we moal jauh jadi buruh > metik teh, dagang ganan/nanas sisi jalan & nu ngacung2keun leungeun > nawaran villa katut eusina awewe nu bisa dipake. > > Tadi peuting mah rada hese sare da kapikiran, sedih, prihatin....kuring > geus leungiteun kawaas kebon teh di puncak, tuluy geuning ayeuna rek > leungiteun kebon teh Subang-Lembang. Ret nempo barudak.........teuing > kumaha ngeusi kenangan tatar sunda nu asri teh? > (kamari budak lalaki sina nyekel keris Raja Padjadjaran, sugan ka hareup > manehna boga kateuneung nanjeurkeun deui sunda). > > salam > tirta > > > > > > > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term' > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi > berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links --------------------------------- Do you Yahoo!? Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links --------------------------------- Do you Yahoo!? Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term' [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
