ke Kang Thalib sareng garwana ceu Nunun (konjen KJRI Houston harita) mah atuh 
naha lain mengkol ka kuring, rerendengan iyeuh atuh, abdi ngababakanana sareng 
anjeuna.
 
tinggal ngalengkah , lain menak kang uking kuringmah menak ti belhi, ku 
kabandang bapana barudak tah eta anu benernamah, jeung deui teh nenny mah lain 
inohong , etehmah ukur tim genjring tim keprok anu ulubiung di kagiatan 
masyarakat lemah cai di houston.
 
awasnya ulah lalawora saur kang Ganjar oge mere gelar hehe......ararisin teuing 
Patih dapur disebat gegeden.leuuh.....
 
bisa- bisa adean kukuda beureum atawa agul ku payung butut 
 
cag ach, arek ka FL teh insyaallohlah da bapana barudak hanca padamelan jalan 
ka dinya rek ngilu ach rek noongan kang Oeking sareng garwana, sugan aya 
pulunganeun ngan orokaya meureun nayaga oge kudu digembol kabeh..... leng 
ngahuleng.......
 
 
Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

--- In [email protected], nenny yunus wrote:
> Tuh...ning 
>Beuu...! teu nyangki atuh si kuring bade ngobrol sareng menak,

Teteh muhun harita anu nari teh pun bojo pisan, da kaleresan 
kapungkurmah, rada caket sareng Kang Tolib mah..., teu nyana gening 
nyondong gegeden sunda di Huston -USA, nuhun ah di tepangkeun.

Baktos


Asep Oeking-FL



> 
> Asep Dedi Suhendra wrote:
> --Sampurasuuun...,
> 
> Kang Oman muhun kahoyongmah kitu, da kumaha ieu program teh 
> proposalna tos janten, kantun 10% persiapanana kana prung teh.
> 
> Kanggo Baraya urang anu di Garut, Kanggo teh Neny, Kang Yana, 
kumaha 
> urang kokojoan atuh ngadamel acara di New York, Kanggo ngumpulkeun 
> dana bencana di Garut, da seueur gening sesepuh seni didieu teh, 
> malihmah abdi nembe ngontak Kang Burhan Suling bade nambut 
sulingna 
> sareng rekaman instrumen Kacapi. asa kaemutan, Kang 
Endang..Klasik, 
> tuh muhun seueur gening, kumaha tah Teteh Nenny siap kanggo 
> ngokojoanana..?, abdi siap dina Kacapi sulingnamah, Kang Yana 
> tangtos siap dina Ibing pencak Cimande, Pun Bojo Siap dina Tari 
> Klasik,Bajidor, sareng Jaipongan, malihan mah sasih2 kapungkur aya 
> festifal budaya sajagat Raya,di Talahase pun Bojo di angkir ku 
> Konjen KBRI Houston -Texas janten wakil Bangsa dina seni tradisi 
> Sunda ;Ibing Bajidor kembang Boled, tari topeng Klasik, sareng 
> Merak teu hilap ari Jaiponganmah.
> 
> Teh Neny gening tos miheulaan, duh hebat tetehmah... reueuslah.
> 
> Sareng si kuring oge kusus kanggo dana ka Garutmah, sakumaha anu 
tos 
> di saurkeun ka Ki Kuncen, nuju ngagerean urang baraya sunda, anu 
> aya di sakuliah dunya, mudah2an luntur kolbuna,kageuing rasana 
> kanggo sakedik-kedikeun tiasa ngempelkeun artos.
> 
> Baktos
> Asep Oeking
> 
> In [email protected], oman abdurrahman 
> wrote:
> > Kang Asep,
> > 
> > Atuh sakantenan bae pakaulan teh kanggo ngempelkeun bantosan 
> pikeun dulur urang di pakidulan Jabar anu dina minggu-minggu 
> katompernakeun ieu katarajang musibah lini. Mangga kanggo teknisna 
> badanten bae sareng teh Nenny -Houston. Ieu panggero teh nyoko 
kana 
> posting ngeunaan warta bencana alam...dst kamari ka kisunda.
> > 
> > Sakantenan, bilih peryogi rumpaka sekar ageung anyar, aya di 
Kang 
> Hasan (mh), lebetna tina Nurhidayahan, tarjamahan Al-Qur'an basa 
> Sunda dina wangun pupuh sekar ageung, anggitan Abah Surya (R.H. 
> Hidayat Suryalaga). Di Indonesia mah, khususna di Bandung, tos 
> ngabaju eta rumpaka teh dina acara panutup siaran RRI, 
> dihaleuangkeun meh unggal wengi. Mangga, geura gero bae Kang 
Hasan, 
> kamari tilu seri buku Nurhidayahan koleksi kami hadiah ti Abah 
Surya 
> parantos dititipkeun ka Kang Hasan waktos tepang di Bandung. 
Kawuwuh 
> anjeunna seueur waktos luang, pamugi tiasa dicicil diseratkeun 
> kanggo bahan posting di milist, ngeuyeuban eusi milist widang seni 
> budaya, khususna rumpaka tembang Sunda /Cianjuran.
> > 
> > Mangga, wilujeng manggung.
> > 
> > Baktos,
> > manAR
> > 
> > 
> > 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links









                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke